Sabtu, 10 Desember 2011

PIDATO PANAMPIAN TI PANGANTEN ISTRI

PIDATO PANAMPIAN TI PANGANTEN ISTRI


Bismillaahir rohmaanir rohiim
Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nasta'iinu alla umuurid dunia waddin. Was sholaatu wassalaamu alla sayyidina Muhammadin khootaminnabiyyin, Wa aalihi wa shohbihii ajma-'iin
Bapa …………….. miwah Ibu ………………… sinarengan para wargi anu sami kempel ayeuna di dieu, kawakilan ku …………………………….. jaler istri, nyanggakeun haturan sumping disarengan ku laksa keti kabingahan ka sadaya nu sarumping.
Kawuwuh-wuwuh disarengan bari nyandak pipangantenen pameget wasta ……………………………………, anu diajeng-ajeng pisan siang kalayan wengi. Lajeng dipasrahkeun pisan, atuh kantenan ditampi ku asta kalih kasuhun kalingga murda, binarungan bingah amarwatasuta, bingah anu taya hinggana.

Kitu deui cacandakanana, sanaos henteu diantos-antos, ditampi pisan, henteu diteundeun di handap-handap estu disuhun dina embun-embunan, sarta mugi-mugi janten kamangpaatanana ka barudak miwah urang sadaya anu janten sepuhna.
Sawangsulna, mugi ageung sih hapunten dina sagala kakirangan miwah kajanggalan dina ieu panampian ka nu sarumping, boh sipatna, boh carana, tata sinareng basana matak ngajaheutkeun mamanahan. Kitu deui dina jamuanana anu sanget mung sakadarna pisan tebih tina kautamian, mugi ulah kirang-kirang nya ngahapunten kawantos sanes pisan kirang upami, nanging kumaha mung sakieu nya kaayaaan.

Pungkasing pihatur, sami-sami neneda, mugi-mugi barudak anu bade jatukrami miwah pamaksadan sepuhna sadaya diijabah ku Gusti Allah anu sipat rahman rahim, sarta kenging sapaat ti kangjeng Nabi Muhammad s.a.w., lulus mulus lunglur-langsar beres-roes laksana tanpa kuciwa.
Wabillahi taufik wal hidayah.
Wassalamualaikum Wr. Wb.

PIDATO NYERENKEUN PANGANTEN PAMEGET (TIPE 1)

PIDATO NYERENKEUN PANGANTEN PAMEGET (TIPE 1)

Assalamu'alaikum Wr. Wb.

Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nasta'iinu alla umuurid dunia waddin. Was sholaatu wassalaamu alla sayydina Muhammadin khootaminnabiyyin, Wa aalihi wa shohbihii ajma-'iin.
Palawargi jaler istri anu mulya utamina ka pangersa saebul bet di dieu, sim kuring atas nami kulawargi bapa ………………………………………….. rawuh rombongan, disarengan ku muji syukur ka Gusti nu Maha Agung, ngahaturkeun rebu-rebu nuhun laksa keti kabinghan kapalawargi didieu wirehna sim kuring parantos gasik ditampi enggal-enggal ditarima, dipapag di hiap-hiap ku basa anu endah someah, diawur ku kembang tanjung paselang kembang kananga, malati nu jadi saksi, tawis kaweningan galih pribumi nampi rombongan nu sumping. Estu matak tingtrim kana ati, matak betah kana manah anu nyemah. Mugia pangbagea anu dadasarna ku ikhlas kabingah nembe, tiasa jadi tatali asih panyimpay rasa anu bakal nyangreud mageuhkeun silaturahim antawis kulawargi ti …………………. Sareng kulawargi ti ………………………….., bari ginuluran sareng rido Allah Swt. Amiin.

Salajengna sim kuring seja tamada wireh rumaos ngabantun rombongan teh lumayan seueurna, bari sanes mung wungkul sepuh atanapi rumaja wae nanging katambih ku murangkalih anu nuju meujeuhna baladeur, anu tangtos bakal seueur kalepatanana, utamina tata titi duduga peryogana.
Kumargi kitu tawakup anu kasuhun saupami katingali aya tingkah anu kirang munasabah, kadangu aya saur anu kirang umum ti rombongan sim kuring sadayana.

Palawargi anu mulya.
Rupina cunduk waktuna sim kuring nedunan pamundut panata cakagara tadi, nincak mangsana balaka nguningakeun pamaksadan. Ku kituna mah kantenan, raos rek mobok magih gorowong, rek naek mendak taraje nguping pamundut panata calagara the, margi asa piraku ti …………………….. dijugjug upami teu aya anu dipimaksud, pamohalan anggang-anggang diteang ka ……………………………….. upami teu aya pamaksadan, tebih ge pasti disungsi margi aya nu dipilari.

Ka kulawargi bapa……………………………………. Sakalih, Insya Allah sim kuring seja balaka.
Saperkawis sim kuring sarombongan seja nyanggakeun bari nyangreud pageuhkeun silaturahim ka parawargi sadaya di dieu, margi nya ieu pisan nu jadi bibit buit, cikal bakal sim kuring sarawuh rombongan dongkap ka ieu tempat, teu aya sanes seja jajap pun ………………………………………………. Anu wastana ………………………………… kadeudeuh bapa ……………………………………. Sakalih, anu numutkeun selenting bawaning angin parantos lami pakait ati pacantel hate sareng neng…………………………………. Putri ka asih bapa …………………………. Miwah ibu.
Wartosna heubeul silih pikatineung, lawas silih pikamelang, bungbuna karujuk sepuh, samara jiad ti sobat sadaya, cindekna mah batu turun kesik naek alias itu purun ieu daek. Malihan parantos aya kasaluyuan ti sadayana reh dina dinten ieu ping ……………………………….. Insya Allah sejana bade diakadan.
Kumargi kitu, mugi kasaksi ku sadaya, danget ieu sim kuring atas namina kulawargi ………………………………………………… seja nyanggakeun pipanganteneun, nya ieu …………………………………………. Ka pangersa bapa ………………………………….. sakulawargi, saur tukang pantun te mah ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal rambutna salambar getihna satetes napasna sadami estu mo ngagaduih-gaduh deui mugia ditampi lajeng ditikahkeun ka neng ………………………………………….

Panuhun sim kuring sakulawargi sabada pun anak resmi janten kulawargi di …………………………….. mugi sing sering ngageuing, ulah bosen ngawurukan ulah suda mapatahan nungtun sinareng nuduhkeun kana jalan pamaslahatan sareng pibagjaeun dunya rawuh aheratna.
Nanging nyakitu geuning, teu weleh aya tambihna nyaeta mangrupi kabodoan sareng kakiranganana, kirang elmu panemuna kirang tata titi duduga peryogana kirang pangalaman sareng pamahaman tos kantenan anu disebat harta banda mah estu kirang keneh pisan margi nembe bade kokoreh, sumuhun ari pangawakan mah estu tangtung teu nambut rupa teu nyewa dedeg sampe rupa hade nanging nyakitu upami dina kai mah diangge pamikul bengkung diangge pangeret bingkeng, lumayan keur pisuluheun.
Atuh salajengna boh bilih disebat wadul sim kuring nyanggemkeun teu jingjing teu bawa mah, margi ku parawargi katinggali aya nu nyandak tanggeuyan. Isin upami disebat hiji-hijina mah margi mung ukur tamba pamali tamba isin ulah ngaligincing teuing. Ari maksadna mah eta the tilam kadeudeuh tawis asih ti ………………………………… kanggo neng ……………………………………, mugi ulah ditainggal pangaosna anu estu teu pira, nanging niat suci nu maparina, saurna mah : sanes butuh keur sausum, butuh pikeun batur hirup, mun wasa saumur-umur seja nyaah salawasna, deudeuh geugeut mo ngaheuleut wedi asih salamina. Disarengan ku paneda mugia ginulur restu ginanjar rahmat sareng rido Allah Swt.

Parawargi jaler istri anu mulya. Piraku mun gunung tanpa tutugan, walungan tanpa muara, atuih piraku nu jajap ge kateterasan. Rupina urang cekapkeun sakieu kecap pangjajap sim kuring.
Panutup catur pamungkas carita sim kuring atas nami rombongan ti ……………………………………. Nyanggakeun sewu bebendu laksa duduga ka parawargi sadaya, tos tangtos saurna kirang umum kecap kirang merenah, bobot pangayon timbang taraju, nyanggakeun ka parawargi sadaya. Panuhun sim kuring rawuh rombongan mugi agung tawakupna jembar hampurana kana sagala rupi kalepatan sareng kakirangan

Billahi Sabilil haq.

Wasalamualaikum Wr. Wb.

AKSARA SUNDA

Éling éling masing éling,
rumingkang di bumi alam,
darma wawayangan baé,
raga taya pangawasa,
lamun kasasar lampah,
napsu nu matak kaduhung,
badan anu katempuhan.
Ladrang

Ladrang-sunda.

Aya hiji rupa sato leutik,
Éngkang-éngkang, éngkang-éngkang,
Sok luluncatan di cai,
Ari bangun arék sarupa jeung lancah.

Aksara Sunda nujul ka hiji sistim ortografi hasil karya masarakat Sunda nu ngawengku aksara jeung sistim kaaksaraan pikeun nuliskeun basa Sunda. Aksara Sunda ngarujuk ka aksara Sunda Kuna nu kungsi dipaké sahanteuna ti abad ka-14 nepi ka abad ka-18.
Salian ti aksara Sunda Kuna, kaadaban Sunda ogé kungsi wanoh jeung sababaraha sistim aksara lianna, di antarana

* aksara Pallawa atawa aksara Pra-Nagari anu dipaké pikeun nuliskeun basa Sangsakerta, dipaké nepi ka abad ka-7,
* aksara Sunda Kuna anu diturunkeun tina aksara Pallawa.
* aksara Cacarakan atawa aksara Jawa, sacara umum marengan asupna Islam jeung kaadaban Jawa ka Cirebon (abad ka-16) jeung Priangan (abad ka-17),
* aksara Pegon, utamana di lingkungan pasantrén, ku asupna ajaran Islam ti tatar Arab,
* aksara Latin, mimiti dipaké ahir abad ka-19, diwanohkeun ku pangjajah Walanda.

Sacara resmi, pamaréntah Jawa Kulon ngaliwatan Perda taun 2003 geus ngarojong aksara Sunda pikeun pakéeun sapopoé.

Aksara Sunda diwangun ku sababaraha komponén, diantarana:

* aksara ngalagena
* vokal mandiri
* aksara swara
* tanda baca
* angka

Aksara Ngalagena
Aksara Vokal Mandir
Rarangkén

Dumasar kana patempatanana, 14 rarangkén dibagi jadi:

* rarangkén luhur = 5 rupa
* rarangkén handap = 2 rupa
* rarangkén sajajar = 6 rupa

a. Rarangkén luhur
°ᮤ panghulu, ngarobah sora aksara Ngalagena /a/ jadi /i/.

Example: ᮊ = ka → ᮊᮤ = ki.
°ᮨ pamepet, ngarobah sora aksara Ngalagena /a/ jadi /e/.

Example: ᮊ = ka → ᮊᮨ = ke.
°ᮩ paneuleung, ngarobah sora aksara Ngalagena /a/ jadi /eu/.

Example: ᮊ = ka → ᮊᮩ = keu.
°ᮁ panglayar, nambahan sora /+r/ kana sora asalna.

Example: ᮊ = ka → ᮊᮁ = kar.
°ᮀ panyecek, nambahan sora /+ng/ kana sora asalna.

Example: ᮊ = ka → ᮊᮀ = kang.

b. Rarangkén handap
°ᮥ panyuku, ngarobah sora aksara Ngalagena /a/ jadi /u/.

Example: ᮊ = ka → ᮊᮥ = ki.
°ᮢ panyakra, nyalusupkeun sora /+r/ kana sora asalna. Sora panungtung bisa dirobah ku rarangkén séjénna.

Example: ᮊ = ka → ᮊᮢ = kra.
°ᮣ panyiku, nyalusupkeun sora /+l/ kana sora asalna. Sora panungtung bisa dirobah ku rarangkén séjénna.

Example: ᮊ = ka → ᮊᮣ = kla.

c. Rarangkén sajajar
ᮦ° panéléng, modifies Ngalagena vowel /a/ jadi /é/.

Example: ᮊ = ka → ᮊᮦ = ké.
°ᮧ panolong, ngarobah sora aksara Ngalagena /a/ jadi /o/.

Example: ᮊ = ka → ᮊᮧ = ko.
°ᮡ pamingkal, nyalusupkeun sora /+y/ kana sora asalna. Sora panungtung bisa dirobah ku rarangkén séjénna.

Example: ᮊ = ka → ᮊᮡ = kya.
°ᮂ pangwisad, nambahan sora /+h/ kana sora asalna.

Example: ᮊ = ka → ᮊᮂ = kah.
°᮪ patén atawa pamaéh, ngaleungitkeun sora /a/ aksara Ngalagena.

Example: ᮊ = ka → ᮊ᮪ = k.
Angka
Dina tulisan, angka diwatesan ku tanda pipa ajeg | ... |.
Conto: |᮲᮰᮰᮸| = 2008
Conto makéna
Asmarandana

Asmarandana-sunda

Éling éling masing éling,
rumingkang di bumi alam,
darma wawayangan baé,
raga taya pangawasa,
lamun kasasar lampah,
napsu nu matak kaduhung,
badan anu katempuhan.
Ladrang
Ladrang-sunda
Aya hiji rupa sato leutik,
Éngkang-éngkang, éngkang-éngkang,
Sok luluncatan di cai,
Ari bangun arék sarupa jeung lancah.








PUPUH SUNDA

Pupuh téh nyaéta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di Jawa, katelah ogé macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Nalika can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun.


Asmarandana

Laras: Salendro
Watek: silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan.
1 Pada := 7 padalisan.
Pupuh 1: Asmarandana
Eling eling mangka eling ( 8 engang – vokal i / E-ling-e-ling-
mang-ka-e-ling (jumlah 8), ling panungtung vokalna i)
rumingkang di bumi alam( 8 – a )
darma wawayangan bae ( 8 – e )
raga taya pangawasa ( 8 – a )
lamun kasasar lampah ( 7 – a )
nafsu nu matak kaduhung ( 8 – u )
badan anu katempuhan ( 8 – a )
Panambih:
Eling-eling masing eling
Di dunya urang ngumbara
Laku lampah nu utama
Asih ka papada jalma
Ucap tekad reujeung lampah
Tingkah polah sing merenah
Runtut rukun sauyunan
Hirup jucung panggih jeung kamulyaan
——————-
Laras: Salendro
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan
Titimangsa: 26 Agustus 2004
Sumber:
[geocities.@]
[www.angeltowns3.@]

Balakbak

Watek: pikaseurieun.
1 pada := 3 padalisan.
Pupuh 2: Balakbak
Aya warung sisi jalan rame pisan – Citameng(15-e)
Awewena luas luis geulis pisan – ngagoreng (15-e)
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet – nyanggereng (19-e).
Panambih:
Aya warung sisi jalan
Rame pisan ku nu jajan
Tihothat nu ngaladangan
Nu jarajan sukan-sukan
————————-
Laras: Madenda
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan
Titimangsa: 26 Agustus 2004

Dangdanggula

Pupuh 3: Dangdanggula
Mega beureum surupna geus burit
Ngalanglayung panas pipikiran
Cikur jangkung jahe koneng
Naha teu palay tepung
Sim abdi mah ngabeunying leutik
Ari ras cimataan
Gedong tengah laut
Ulah kapalang nya bela
Paripaos gunting pameulahan gambir
Kacipta salamina
Panambih:
Hiji basa, hiji bangsa
Basa bangsa, Indonesia
Hiji bangsa, hiji nusa
Nusa tunggal, Nusantara
Seler-seler, suku bangsa
Di wewengkon, mana-mana
Sakasuka, sakaduka
Wujud bangsa, Indonesia
——————————-
Laras: Pelog, Sorog
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan
Titimangsa: 26 Agustus 2004
Sumber:
[www.angeltowns3.@]

Durma

Pupuh 4: Durma:
Moal ngejat sanajan ukur satapak
Geus dipasti ku jangji
Mun tacan laksana
Numpes musuh sarakah
Heunteu niat seja balik
Najan palastra
Mati di medan jurit
Panambih:
Di mamana si penjajah
Pada amarah marudah
Manan kapok anggur gawok
Najan dituyuk diragut
Nagri sadayana
Umumna ngabela
Nyempad rosa, pulitik penjajah
Tapi nu ngajajah
Teu pasrah, teu sadrah
Terus meres, ngahina ngarinah
———————
Laras: Pelog
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan
Titimangsa: 27 Agustus 2004
Sumber:
[www.angeltowns3.@]
Parantos diedit 1 kali. Editan pamungkas dina 13.10.04 08:59 ku jamparing.

Gambuh

Watek: bingung, samar polah atawa tambuh laku.
1 Pada := 5 padalisan.
Pupuh 5: Gambuh
Ngahuleng banget bingung ( 7 – u )
henteu terang ka mana ngajugjug ( 10 – u )
turug turug harita teh enggeus burit ( 12 – i )
panon poe geus rek surup ( 8 – u )
keueung sieun aya meong ( 8 – o )
Ngahuleng banget bingung
Heunteu terang kamana nya indit
Turug-turug harita teh, enggeus burit
Panonpoe geus rek surup
Keueung sieun, aya meong
Panambih:
Hulang-huleng, hulang-huleng
Ngahuleng ngaraga meneng
Hate ratug, tutunggulan
Heunteu terang, kaler-kidul
Turug-turug, turug-turug
Harita teh, enggeus burit
Panonpoe geus rek surup
Keueung sieun aya meong
———————-
Laras: Pelog
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan
Titimangsa: 27 Agustus 2004
Sumber:
[geocities.@]
[www.angeltowns3.@]

Gurisa

Kaping: 18.07.2003 13:58
Watek: pangangguran, lulucon atawa tamba kesel.
1 Pada := 8 Padalisan.
Pupuh 6: Gurisa
Hayang teuing geura beurang ( 8 – a )
geus beurang rek ka Sumedang ( 8 – a )
nagih anu boga hutang (8 – a )
mun meunang rek meuli soang ( 8 – a )
tapi najan henteu meunang ( 8 – a )
teu rek buru buru mulang ( 8 – a )
rek tuluy guguru nembang ( 8 – a )
jeung diajar nabeuh gambang ( 8 – a)
Hayang teuing geura beurang
Geus beurang rek ka Sumedang
Nagih ka nu boga hutang
Mun meunang rek meuli soang
Tapi najan henteu meunang
Mo rek buru-buru mulang
Rek terus guguru nembang
Jeung diajar nabeuh gambang
Panambih:
Hayang teuing geura beurang
Geus beurang rek ka Sumedang
Nagih ka nu boga hutang
Mun meunang rek meuli soang
Tapi najan henteu meunang
Mo rek buru-buru mulang
Rek terus guguru nembang
Jeung diajar nabeuh gambang
———————-
Laras: Salendro
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&)
Titimangsa: 3 September 2004
Sumber:
[geocities.@]
[www.angeltowns3.@]
Parantos diedit 1 kali. Editan pamungkas dina 13.10.04 09:03 ku jamparing.

Juru Demung

Pupuh 7: Jurudemung
Mungguh nu hirup di dunya
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti panggih
Jeung dua rupa perkara
Senang paselang jeung bingung
Panambih:
Mungguh hirup di alam dunya
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti bakal panggih
Suka bungah jeung kasedih
Dua rupa nu tumiba
Sakabeh jalma di dunya
Senang patumbu jeung bingung
Eta geus tangtu kasorang
—————————-
Laras: Pelog Liwu
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&)
Titimangsa: 3 September 2004

Kinanti

Laras: Pelog/Salendro
Watekna: miharep atawa prihatin.
1 Pada := 6 Padalisan
kembang ros ku matak lucu ( 8 – u )
nya alus rupa nya seungit ( 8 – i )
henteu aya papadana ( 8 – a )
ratuning kembang sajati ( 8 – i )
papaes di patamanan ( 8 – a )
seungit manis ngadalingding ( 8 – i )
Pupuh 8: Kinanti
Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Nguriling kakalayangan
Neangan nu amis-amis
Sarupaning bungbuahan
Naon bae nu kapanggih
Panambih:
Ari beurang ngagarantung
Pinuh dina dahan kai
Disarada patembalan
Nu kitu naon ngaranna
————————
Laras: Salendro
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.com)
Titimangsa: 3 September 2004


Lambang

Watek: banyol atawa pikaseurieun.
Unggal Pada diwangun ku opat Padalisan.
Pupuh 9: Lambang
Nawu kubang sisi tegal ( 8 – a )
nyair bogo meunang kadal ( 8 – a )
atuh teu payu dijual ( 8 – a )
rek didahar da teu halal ( 8 – a )
Panambih:
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Atuh teu payu dijual
Rek didahar da teu halal
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Meunang kadal
Atuh teu payu dijual
Rek didahar da teu halal
Da teu halal
Laras: Salendro
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.com)
Titimangsa: 4 September 2004

Magatru

Pupuh 10: Magatru
Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung
Kopo reujeung Cisondari, Cicalengka, Ujung Berung
Rajamandala, Cimahi
Leles, Limbangan, Tarogong
Panambih:
Sukuna pakepit tilu
Panonna opat harerang
Leumpangna semu nu lesu
Ngalengkah teu bisa gancang
————————-
Laras: Madenda
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&)
Titimangsa: 4 September 2004

Maskumambang

Dikintun: koryati (202.51.230.139)
Kaping: 17.02.2004 09:52
Pupuh : Maskumambang
Duh manusa mana kaniaya teuing
teu aya rasrasan
abong ka mahluk nu laip
nyiksa henteu jeung aturan
Hulu abdi karaosna langkung nyeri
tulang asa bejad
tanduk mah pon kitu deui
taya raoskeuneunnana
Na dikinten abdi mo ngarasa nyeri
pedah kabisan
tapi yaktosna mah abdi
ngan bakating kumawula
Oge margi anjeun rupina ka abdi
miwarang jeung maksa
buktina disina jurit
kalawan jeung dihatean
Pileuleuyan dunya pisah sareng abdi
moal bisa panjang
abdi ningal bumi langit
rek mulang ka kalanggengan
jst.

Mijil

Pupuh 12: Mijil
Mesat ngapung putra Sang Arimbi
Jeung mega geus awor
Beuki lila beuki luhur bae
Larak-lirik ninggali ka bumi
Milari sang rai
Pangeran Bimanyu
Panambih:
Aduh Gusti nu Kawasa
Jisim abdi ageung dosa
Pangna abdi gering nangtung
Reh ka sepuh wantun nundung
———————-
Laras: Pelog
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&)
Titimangsa: 10 September 2004
Sumber:
[www.angeltowns3.@]

Pangkur

Watek: nafsu, lumampah atawa sadia rek perang.
Unggal Pada diwangun kutujuh Padalisan.
———-
Pupuh 13: Pangkur
Seja nyaba ngalalana ( 8 – a )
ngitung lembur ngajajah milang kori ( 12 – i )
henteu puguh nu dijugjug ( 8 – u )
balik paman sadaya ( 7 – a )
nu ti mana tiluan semu rarusuh ( 12 – u )
Lurah Begal ngawalonan ( 8 – a )
“Aing ngaran Jayapati”( 8 – i )
Panambih:
Euleuh itu budak gembul
Awak gembru bayuhyuh gawena kedul
Ukur heuay jeung nundutan
Ka sakola unggal poe kabeurangan
He barudak tong nurutan
Ka nu gembul kokomoan
Bisi kedul jeung ogoan
Awal akhir katempuhan
————————-
Laras: Salendro
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&)
Titimangsa: 11 September 2004
Sumber:
[geocities.@]
[www.angeltowns3.@]

Pucung

Watekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan.
Unggal Pada diwangun ku opat Padalisan.
———
Pupuh 14: Pucung
Estu untung nu bisa mupunjung indung ( 12 – u )
jeung nyenangkeun bapa ( 6 – a )
tanda yen bagjana gede ( 8 – e )
hitup mulus kaseundeuhan ku berekah ( 12 – a )
Lutung buntung luncat kana tunggul gintung
Monyet loreng leupas
luncat kana pager dengdek
Bajing kuning jaralang belang buntutna
Panambih:
Hayu batur urang diajar sing suhud
Ulah lalawora bisi engke henteu naek
Batur seuri urang sumegruk nalangsa
————————
Laras: Salendro
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&)
Titimangsa: 11 September 2004
Sumber:
[geocities.@]
[lssitb.f2o.org]
Parantos diedit 1 kali. Editan pamungkas dina 13.10.04 09:27 ku jamparing.

Sinom

Watekna gumbira.
Unggal Pada diwangun ku salapan Padalisan.
Contona :
Di wetan fajar balebat ( 8 – a )
panon poe arek bijil ( 8 – i )
sinarna ruhay burahay ( 8 – a )
kingkilaban beureum kuning ( 8 – i )
campur wungu saeutik ( 7 – i )
kaselapan semu biru ( 8 – u )
tanda Batara Surya ( 7 – a )
bade lumungsur ka bumi ( 8 – a )
murub mubyar langit sarwa hurung herang ( 12 – a )
Pupuh 15: Sinom
Warna-warna lauk empang
Aya nu sami jeung pingping
Pagulung patumpang-tumpang
Ratna Rengganis ninggali
Warnaning lauk cai
Lalawak pating suruwuk
Sepat pating karocepat
Julung-julung ngajalingjing
Sisi balong balingbing, sisi balungbang
Panambih:
Harta pada nareangan
Harti pada narabahan
Harta harti sarwa guna
Pada bisa mere bukti
Bisa hasil sapaneja
Sok nyumponan cita-cita
Harta harti song mangpaat
Dapon diraksa taliti
———————-
Laras: Madenda
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&)
Titimangsa: 11 September 2004
Sumber:
[geocities.@]
[www.angeltowns3.@]
Parantos diedit 2 kali. Editan pamungkas dina 13.10.04 09:30 ku jamparing.

Wirangrong

Pupuh 16: Wirangrong
Barudak mangka ngalarti
Ulah rek kadalon-dalon
Enggon-enggon nungtut elmu
Mangka getol mangka tigin
Pibekeleun sarerea
Modal bakti ka nagara
Panambih:
He barudak mangka ngarti
Ulah rek kadalon-dalon
Nungtut elmu jeung pangarti
Masing rajin soson-soson
Pibekeleun hirup tandang
Modal bakti ka nagara
Lemah cai anu urang
Perlu dijaga dibela
——————————
Laras:
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&)
Titimangsa: 11 September 2004

Ladrang

Pupuh 17: Ladrang
Aya hiji rupa sato leutik
Engkang-engkang, engkang-engkang
Sok luluncatan di cai
Ari bangun arek sarupa jeung lancah
Panambih:
Coba teguh masing telik
Eta gambar sidik-sidik
Sato naon kitu wanda
Reujeung dimana ayana

BAHASA SISINDIRAN

BAHASA KOLOT MAH SISINDIRAN TÉH ASALNA TINA KECAP SINDIR. MUN NURUTKEUN KAMUS BASA SUNDA KARANGAN R.SATJADIBRATA, SINDIR TÉH HARTINA: “KECAP ATAWA OMONGAN ANU HARTINA HENTEU SACÉRÉWÉLÉNA/SAUJRATNA” (ILIKAN KAMUS BASA SUNDA KARANGAN R.SATJADIBRATA, KACA 376).
SISINDIRAN TÉH NYAÉTA: OMONGAN ANU DIBALIBIRKEUN, ANU DIBUNGKUS. NYA KAWAJIBAN URANG ANU KUDU MESÉKNA SANGKAN NGARTI KANA NAON EUSINA, TEGESNA MAH SANGKAN NGARTI KANA NAON ANU DIMAKSUD KU NU NGOMONG ATAWA NYINDIRAN TÉA.
MINANGKA PARABOT PIKEUN MESÉKNA TÉA, URANG KUDU SURTI, LEMES RASA SEUKEUT HARTI. TAH MUN GEUS KITU MAH, KAKARA URANG BAKAL BISA NGARTI KANA MAKSUDNA, MUN TEU KITU MAH NYA LAPUR WÉH.
MUN DITILIK TINA WANGUNANANA, SISINDIRAN TÉH BISA DIBAGI KIEU:
1. WAWANGSULAN/WAWANGSALAN:
A) BANGBALIKAN LANJARAN
B) BANGBALIKAN DANGDING
C) WAWANGSALAN DANGDING
2. RARAKITAN:
A) NU NGANDUNG BIRAHI
B) NU NGANDUNG PIWULANG
C) NU NGANDUNG LULUCON
3. PAPARIKAN:
A) NU NGANDUNG BIRAHI
B) NU NGANDUNG PIWULANG
C) NU NGANDUNG LULUCON (SÉSÉBRÉD)

LAMUN EUSI SALAH SAHIJI SISINDIRAN “MEUPEUH” KA BATUR, DISEBUT SÉSÉBRÉD, ASALNA TINA KECAP SÉBRÉD = NGABETRIK, MEUPEUH KA BATUR, PUGUH WAÉ KARASANA MATAK PEUREUS.

SÉSÉBRÉD, BISA MANGRUPA RARAKITAN ATAWA PAPARIKAN. DINA WAWANGSALAN MAH LANGKA KAPANGGIH. JADI, PIKEUN NYINDEKKEUN HIJI RARAKITAN ATAWA PAPARIKAN BISA HENTEUNA DISEBUT SÉSÉBRÉD, URANG KUDU NALÉK EUSI ÉTA RARAKITAN ATAWA PAPARIKAN TÉA. LAMUN EUSINA MEUPEUH KA BATUR, TAAAAHH.. NU KITU U NGARANA SÉSÉBRÉD TÉH.

JENGGLÉNGANANA ATAWA GURAT BADAGNA SISINDIRAN TÉH. TULISAN KA HAREUP KU UING NYOBA DIGETRUT NU KAASUP WANGUNAN SISINDIRAN. PIKEUN CONTONA KAMUNGKINAN SAUTED HEULA NYA, ENGKÉ WEH TULISAN DINA WAKTU SÉJÉN KHUSUS DIPANGNÉANGKEUN CONTO-CONTO SÉJÉNNA.

1. WAWANGSULAN/WAWANGSALAN

WAWANGSULAN ASALNA TINA KECAP WANGSUL (BASA JAWA: WANGSAL), HARTINA WANGSUL ATAWA BALIK. KU SABAB KITU, WAWANGSULAN TÉH OSOK DISEBUT OGÉ BANGBALIKAN.

NILIK KANA WANGUNANANA, WAWANGSULAN/WAWANGSALAN TÉH BISA DIBAGI TILU BAGÉAN, NYAÉTA:
A) BANGBALIKAN LANJARAN
B) BANGBALIKAN DANGDING
C) WAWANGSALAN DANGDING
A) BANGBALIKAN LANJARAN

BANGBALIKAN LANJARAN, NYAÉTA: SISINDIRAN ANU SAPADANA (BAIT/KUPLET) DIWANGUN KU DUA PADALISAN (JAJAR). ANU SAJAJAR MIMITI DISEBUT CANGKANG, JAJARAN KA DUA DISEBUT EUSI. JUMLAH ENGANG DINA UNGGAL-UNGGAL JAJARAN KUDU DALAPAN, PURWAKANTINA (SAJAKNA CEUK BASA INDONESIA MAH) NYAETA A – B, SARTA AYA BAGÉAN ANU DISEBUT MÉDIUM PIKEUN MINDAHKEUN HARTI TINA CANGKANG KANA EUSI.
CONTONA SIGA KIEU ;

TEU BEUNANG DIOPAK KEMBUNG
TEU BEUNANG DIENTONG-ENTONG
(MÉDIUMNA/EUSINA = LONTONG)
TEU BEUNANG DITIWU LEUWEUNG
TEU BEUNANG DIPIKASONO
(MÉDIUMNA/EUSINA = KASO)

NGEUNAAN BANGBALIKAN LANJARAN MAH. CONTO SÉJÉNNA, ENGKÉ BAÉ KU UING DIBÉRÉBÉTKEUN NYA. ÉNTÉ OGÉ BISA NYIEUN SORANGAN ASAL SARATNA ULAH LUNTA TINA PATOKAN-PATOKAN NU GEUS DIBÉJÉRKEUN TADI.
B) BANGBALIKAN DANGDING
BANGBALIKAN DANGDING, NYAÉTA: BANGBALIKAN LANJARAN ANU DISUSUN TUR DIJIEUN DANGDING. KU LANTARAN KITU, PATOKAN-PATOKAN ANU AYA DINA BANGBALIKAN LANJARAN TEU KEUNA PIKEUN BANGBALIKAN DANGDING MAH.

KU LANTARAN DIJIEUN DANGDING TÉA, NYA PATOKAN-PATOKANANA OGÉ ROBAH NURUTKEUN PATOKAN-PATOKAN DANGDING NA BAÉ. UPAMANA DANGDINGNA DINA WANGUN PUPUH DANGDANGGULA, DINA DANGDANGGULA TÉH SAPADANA AYA SAPULUH JAJAR, ATUH CUKUP KU LIMA BANGBALIKAN LANJARAN. LAIN DEUI LAMUN WANGUNNA DINA PUPUH SINOM. DINA SINOM MAH, CUKUP KU OPAT SATENGAH BANGBALIKAN LANJARAN. PON KITU DINA WANGUN PUPUH LIANNA, SAPERTI DINA KINANTI, CUKUP UKUR KU TILU BANGBALIKAN LANJARAN, JEUNG SATERUSNA.

SAJABA TINU TADI DIJÉNTRÉKEUN, UNGGAL JAJARAN BANGBALIKAN DANGDING TEU KUDU DALAPAN ENGANG, TAPI GUMANTUNG KANA ATURAN PUPUH NA TÉA. JUMLAH ENGANG UNGGAL JAJARAN, GURU LAGUNA ATAWA RUBAH-ROBAHNA SORA UNGGAL TUNGTUNG JAJARAN (DANGDINGDEUNGNA) ÉTA KABÉH GUMANTUNG KANA ATURAN PUPUHNA.

ATURAN NYUSUN BANGBALIKAN LANJARANANA SINA SELANG SEKAR, CANGKANG JEUNG EUSINA PASELANG. WANGUNAN BANGBALIKAN DANGDING SAPERTI KITU URANG SEBUT WAÉ BANGBALIKAN DANGDING MODEL KAHIJI. SABAB, AYA DEUI BANGBALIKAN DANGDING MODÉL SEJENNA, NYAETA: “BANGBALIKAN DANGDING MODÉL KADUA”.

DINA BANGBALIKAN DANGDING MODÉL KADUA IEU, CANGKANG JEUNG EUSI TÉH DISAJAJARKEUN BAÉ. CANGKANG AYANA DINA ANGKATAN WIRAHMA, ARI EUSI AYANA DINA PUNGKASAN WIRAHMANA.

MÉH TEU MULEK TEUING KU UING DITULISKEUN ATUH KEUR CONTONA NYA.

CONTO BANGBALIKAN DANGDING MODEL KAHIJI

DANGDANGGULA
MÉGA BEUREUM SURUPNA GEUS BURIT (CANGKANG)
NGALANGLAYUNG PANAS PIPIKIRAN (EUSI)
CIKUR JANGKUNG JAHÉ KONÉNG (CANGKANG)
NAHA TEU PALAY TEPANG (EUSI)
SIM ABDI MAH NGABEUNYING LEUTIK (CANGKANG)
ARI RAS CIMATAAN (EUSI)
GEDONG TENGAH LAUT (CANGKANG)
ULAH KAPALANG NYA BÉLA (EUSI)
PARIPAOS GUNTING PAMEULAHAN GAMBIR (CANGKANG)
KACIPTA SALAMINA (EUSI)

SINOM
BALANDONGAN NGUJUR JALAN
SOK HAYANG GEURA LOS INDIT
KENDANG GEDÉ PAKAUMAN
DAGDIGDUG RASANING ATI
BALÉ DIRÉKA MASJID
NYA PIKIR BATI RUMAJUG
TEGAL TENGAH NAGARA
LAUN-LAUN SUGAN JADI
EMAS ANCUR SAKIEU NYA KARIPUHAN.

CONTO BANGBALIKAN DANGDING MODEL KADUA (CANGKANG JEUNG EUSI DISAJAJARKEUN)

DANGDANGGULA
CAI LANGIT DUH PUPUJAN ATI
LALEUR HURUNG DUH RAJA MUSTIKA
PUPUTON SEKAR KEDATON
PULAS BEUREUM DUH LUCU
SANGGAH SEUNGIT SUMPAH GÉ WANI
YÉN ENGKANG BATUR CADAS
NIAT BADÉ ESTU
TILAM KUDA SEJA BÉLA
SANTEN BODAS SANAJAN TEPI KA PASTI
MINYAK SAPI GEUS TÉGA.
C) WAWANGSALAN DANGDING

SAACAN NYAWALAKEUN BAB WAWANGSALAN DANGDING, URANG BÉDAKEUN HEULA ANTARA WAWANGSALAN DANGDING JEUNG DANGDING. BOH DINA WAWANGSALAN DANGDING, BOH DINA DANGDING, DUANANA OGÉ BISA NGAGUNAKEUN PUPUH ANU JUMLAHNA 17 TÉA. NGAN, DINA WAWANGSALAN DANGDING MAH NGANDUNG UNSUR-UNSUR BANGBALIKAN. TEGESNA, NGANDUNG UNSUR-UNSUR “NU DIBALIKEUN DEUI” ATAWA NGANDUNG UNSUR “PESÉKEUN”. SEDENGKEUN DINA DANGDING MAH TEU AYA UNSUR-UNSUR KITU, ÉSTU NGAN SACÉRÉWÉLÉNA BAÉ DINA NGAGAMBARKEUN KAAYAAN TÉH. BOH NGAGAMBARKEUN: KAÉNDAHAN ALAM, ATAWA PAPATAH, KAJADIAN, JEUNG SAJABANA TI ÉTA. SAPERTI: “GUGURITAN LAUT KIDUL”, “SASAMBAT KUDA KAHAR”, “KIAMAT LEUTIK”, “ELING-ELING MASING ELING”, JEUNG SAJABANA.

LAMUN DIBANDINGKEUN JEUNG BANGBALIKAN DANGDING, BÉDANA NYAÉTA: DINA WAWANGSALAN DANGDING MAH WANGUNANANA TÉH SAPADA (SATU BAIT. IND) CANGKANG WUNGKUL, SAPADA DEUI EUSI WUNGKUL.

CONTONA:

SINOM
(PADA KAHIJI CANGKANG WUNGKUL)

SIKI TARUM RINA KEMBANG
BADOANG MANUK BADORI
EUNTEUP DINA KALIJAGA
MANUK WALÉT JANGJANG BEUSI
CIHCIR DISADA PEUTING
DINA PUCUK KEMBANG TANJUNG
KUMA PIAKALEUNANA
MELAK SUPA SEMAR JADI
DAUN BAKUNG PISITAN BUAH KOKOSAN

(PADA KADUA EUSI WUNGKUL)

BÉAK TAUN BÉAK BULAN
NGADAGOAN BAGJA DIRI
TEU AYEUNA SUGAN JAGA
RÉK WELÉH INGGIS KU BISI
MIKIR BEURANG JEUNG PEUTING
RIPUH DIPUPUK KU BINGUNG
KUMA PIAKALEUNANA
SANGKAN TÉRÉH NGAJADI
GERING NANGTUNG MIKIRAN MUNGGAH HOSHOSAN.

NAON-NAON NU DIMAKSUD SISINDIRAN DINA WANGUN KAHIJI, NYATANA WAWANGSALAN. SYUKUR LAMUN TEU KAHARTI, JADI ÉNTÉ BISA NÉANG SUMBER SÉJÉN NU LEUWIH JÉRO. AYEUNA URANG TERUSKEUN KANA WANGUN SISINDIRAN NU KADUA, NYAÉTA: RARAKITAN.

RARAKITAN

RARAKITAN, ASAL KECAPNA TINA RAKIT, HARTINA: PASANG. SARAKIT, HARTINA SAPASANG. JADI, RARAKITAN PIHARTIEUNANA TÉH: PAPASANGAN.

ANU DISEBUT RARAKITAN NYAETA: SISINDIRAN ANU SAPADANA DIWANGUN KU OPAT JAJAR. DUA JAJAR (JAJARAN KAHIJI JEUNG KADUA) MANGRUPA CANGKANG, DUA JAJAR DEUI (JAJARAN KATILU JEUNG KAOPAT) MANGRUPA EUSINA. JAJARAN KAHIJI TÉHR, NGARAKIT JEUNG JAJARAN KATILU, LAMUN JAJARAN NU KADUA NGARAKITNA JEUNG JAJARAN KAOPAT. PURWAKANTINA : A – B – A – B.

UPAMA NILIK KANA EUSINA, RARAKITAN TÉH BISA DIBAGI-BAGI JADI TILU BAGÉAN, NYAÉTA:
A) NU EUSINA NGANDUNG BIRAHI (KARESEP ÉNTÉ LAH NU KIEU MAH)
B) NU EUSINA NGANDUNG PIWULANG (NU ÉNTÉ SOK HAREUDANG GENINGAN MUN DIPAPATAHAN TÉH)
C) NU EUSINA NGANDUNG LULUCON (SÉSÉBRÉD)

CONTO RARAKITAN NU NGANDUNG BIRAHI

KADUHUNG KURING KA LÉMBANG
KA LÉMBANG KA CIBIANA
KADUHUNG KURING KAGÉMBANG
KAGÉMBANG KIEU RASANA

SAPANJANG JALAN SORÉANG
MOAL WELÉH DIASPALAN
SAPANJANG TACAN KASORANG
MOAL WELÉH DIAKALAN

CONTO RARAKITAN NU NGANDUNG PIWULANG

MEULI WAJIT JEUNG JAWADAH
KAPAKÉ HAJAT KIPARAT
MASING RAJIN NYA IBADAH
KAPAKÉ DUNYA AKHÉRAT

MÉMÉH NGAGELARKEUN KASUR
SAMAK HEULA AMBÉH RINÉH
MÉMÉH NGOMONGKEUN KA BATUR
TILIK HEULA AWAK MANÉH (HEHEHEHE….BURAYUT KÉNÉH EUY…)

CONTO RARAKITAN NU NGANDUNG LULUCON (SÉSÉBRÉD)

MAJAR TÉH CAU LAMPÉNÉNG
CAU KEPOK DINA NYIRU
MAJARKEUN TÉH LENGKÉH KONENG
GENING NYA DEKOK NYA GEMBRU (HAHAHAHA…ÉNTÉ PISAN IEU MAH EUY…)

RARASAAN MELAK CAU
TEU NYAHO MUN MELAK CABÉ
RARASAAN ASA LUCU
TEU NYAHO MUN MATAK RÉHÉ

HÉHÉHÉHÉ….KITU MEUREUN NU DIMAKSUD RARAKITAN OGÉ. SAMÉMÉH PANON UING BEURAT KU TUNDUH, URANG TULUYKEUN KANA WANGUN SISINDIRAN NU KATILU NYA, NYAÉTA: PAPARIKAN.

PAPARIKAN

PAPARIKAN, ASALNA TINA KECAP PAREK = DEUKEUT. WANGUN PAPARIKAN SARUA JEUNG RARAKITAN. ANU NGABÉDAKEUNANA, NYAÉTA: DINA PAPARIKAN MAH TARA AYA KECAP ANU DIBALIKAN DEUI. CANGKANG JEUNG EUSINA NGAN “DEUKEUT SORANA” WUNGKUL. NILIK KANA EUSINA OGÉ SARUA JEUNG RARAKITAN. SIGA KIEU CONTO-CONTONA MAH.

CONTO PAPARIKAN NU EUSINA NGANDUNG BIRAHI

NGALA SAGA SISI HUMA
DISAMBERAN KU WALIWIS
TIIS RAGA TIIS SUKMA
LANTARAN JADI KA NU GEULIS

SUWANGKUNG ULAH DIHUMBUT
PIKEUN TIHANG PAPANJANGAN
NU JANGKUNG ULAH SOK IMUT
BISI KURING KAÉDANAN.

CONTO PAPARIKAN NU EUSINA NGANDUNG PIWULANG

NINYUH UBAR KU CIPATI
DIWADAHAN PIRING GELAS
ANU SABAR ÉTA PASTI
KU ALLAH DIPIKAWELAS

PAPAN KIARA DITATAH
IRAHA JADI LOMARI
MUN BISA MIARA LÉTAH
MOKAHA SALAMET DIRI

CONTO PAPARIKAN NU EUSINA NGANDUNG LULUCON (SÉSÉBRÉD)

JERUK PURUT CIKARUNCANG
JAMBU AÉR WANAYASA
CAMERUT HAYANG KA BUJANG
SUSU LAÉR TEU KARASA

CAU KEPOK KEUR RUMÉGANG
DIEUNTEUPAN BONDOL HÉJO
KEUR DEKOK KATAMBAH ÉGANG
DITAMBAHAN OLOL LÉHO (HAHAHAHA… SUMPAH TEU NYINDIRAN ÉNTÉ IEU MAH, ASLI ÉNTÉ PISAN)