Selasa, 29 November 2011

puisi ema

Waktu ibun maseuhan buruan
Aya sora anu jentre dina telepon
Anaking…
Syukur ari calageur mah
Eta nu dipenta ku ema beurang jeung peuting
Anaking….
Syukur ari aya dina keberkahan mah
Eta nu dipenta ku ema beurang jeng peuting
Anaking…
Syukur ari aya dina rohmat-Na
Ema ngarasa bagja
Anaking…
Hampura ema tina sagala kasalahan
Maklum sikep kolot ka anak
Ema hayang bebas tina sagala dosa ka anak
Anaking sakali, ema menta dihampura
Dungakeun ema sing sehat sing kuat nepi ka tutup ajal
Duh..
Ema… sawangsulna abdi nu kedah dihampunten ku salira
Abdi tos nyesahkan ti lahir dugi ka ayeuna
Abdi teu malire, abdi joledar kanu jadi indung
Duh…
Ema… indung abdi, hampunten abdi tina sagala kelepatan
Rumaos abdi janten anak anu tos ngaraheutkeun manah
Nagiweurkeun emutan
Duh…
Ema… keclakna cipanon abdi nu murudul lir ibarat dosa abdi ka ema…
Hapunten abdi…


Anaking..
Geulis anak bapa jeung ema
Ayeuna anjeun geus miheulaan
Nu jadi bapa jeung indung
Anaking…
Bapa iklas jeung rido
Anjeun geus dipundut kunu kawasa
Aajanan hate leutik mah
Bapa jeung ema kacida sedihan
ehm… anaking…
Anaking….
Geulis, bageur, lamun bapa jeung ema
Nempo kuburan anjeun anu masih keneh taneuh beureum
Dina kongkolak bapa jeung ema
Anjeun nembongan wae,
Anaking…
Anjeung keur lulucuna,
Anjeun nu sok jadi tamba bapa jeung ema,
Belenyehna imut anjeun sok
mawa kabungah ka bapa jeung ema
ehm.. anaking
Bapa iklas pisan anjeun geus dipundut tiheula kunu kawasa
Anaking…
Waktu peuting kamari hujan
Taneuh beureum luhureun anjeun jadi baseuh
Kitu deui cimata bapa jeung ema maseuhan pipi.
Anaking…
Sok ras inget waktu anjeun gumbira
Ulin, ngariung, waktu urang tiluan gogonjakan
Ayeuna tinggal sawangan
Najan kitu, raray anjeun, anaking, geulis sok nembongan bae…
Anaking…
Ku bapa jeung ku ema didungakeun,
Anjeun sing ditempatkeun di tepat anu suci,
Bapa jeung ema sabar
Nandangan cobaan ieu jeung iklas ditingalkeun ku anjeun
Cag.


Ari reumbey reumbeuy reumbeuy Bandung
ngareumbeuy dina jambangan
ari heureuy heureuy heureuy Bandung
heureuy ge jeung kasopanan.
Ari lilin lilin lilin Bandung,
geus hurung sok peok deui,
ari ulin ulin ulin Bandung
geus embung sok hayang deui.
Kapan abdi gaduh suweng,
kunaon teu dipongpokan,
kapan abdi keur baluweng
kunaon teu dilongokan…
Melak bawang di tanjakan,
sok sieun kembangna beureum,
melang dumeh paanggang,
sok sieun kagembang deungeun.
Kembang eros jeung jalaprang,
cantigi reujeung malati,
sanaos langka patepang,
pamugi ulah rek lali.
Supa mayang saboboko,
saparo dikaparakeun,
hayang mah tibareto,
ngan acan kalaksanakeun.
Kapiting katojo bulan,
kokosan bantun tilamping,
sapeuting asa sabulan,
ngantosan panutan anu sumping.
Pongporang di luhur gunung,
saung di handapeunana,
abdi melang kanu pundung,
kumaha mah nenganana.
Hayang iuh make payung,
kumaha mukakeunana,
hayang wawuh jeung nu pundung,
kumaha nyukakeunana…

Tidak ada komentar:

Posting Komentar