Jumat, 25 November 2011

sisindiran sunda 4

Ekspres Bandung – Surabaya,
Digantolan kikinciran,
Neda ma’lum ka sadaya
Abdi bade sisindiran
Kalayar buah kalayar
Lebet ka cabe mah henteu
Lumayan tambi lumayan
Lebet ka sae mah henteu
Hanggasa bawa ti gunung,
dipipit bawa di rawa
Kasaha nya sumalindung
Nitipkeun raga jeung nyawa
Boboko ragrag ti imah
Ninggang kana pileuiteun
Nya bogoh ulah ka semah
Ari balik sok leungiteun
Leuleupeutan leuleumeungan
Ngarah kekejoanana
Deudeukeutan reureujeungan
ngarah tetenjoanana
Itikurih Bentang Sinar
Maen di lapang Cicendo
Nyeri peurih kunu anyar
matak henteu hayang nenjo
Majar Maneh cengkeh koneng
Kulit Peuteuy dina nyiru
Majar maneh lengkeh koneng
Kulit beuteung mani nambru
Pipiti di bungawari
Tetenong dibobokoan
Lalaki jaman kiwari
hade omong pangoloan
Meuleum manggu tengah poe
Dicokelan kayu api
Malem minggu ninggang sue
Diapelan aki-aki
Pileuleuyan cangkang beas
Huut sajeroning kejo
Pileuleuyan urang ikhlas
Imut sajeroning nenjo
Saninten buah saninten
Dibawa ka parapatan
Hapunten abdi hapunten
bilih aya kalepatan
Pajar maneh kangkung panjang
sihoreng gaplek teh sampeu
Pajar maneh jangkung lenjang
sihoreng pendek bureuteu
Hayang teuing buah gedong
gedong buah Indramayu
Hayang teuing kuring ngendong
ngendong di randa nu ayu
Hayang teuing boga leuit
boga leuit keur katiga
Hayang teuing boga duit
boga duit keur Perceka
Naha cau teu buahan
sihoreng comro teh lada
Saha itu nu janggotan
sihoreng Mang Jojon tea
Mawa obor reujeung hayam
nyieun kupat make ketan
wilujeng boboran siam
hapunten samudaya kalepatan

Metallica dikalapaan
megadeth diragaji
urang meunang memetalan
asal ulah poho ngaji
majar maneh mawa pacul
hanjakal kalah ka ngejo
majar maneh anak gaul
hanjakal waosna hejo

aya hiji balon rek bitu
sabab kagencet ku buhaya
naha urang sunda teh kitu
mopohokeun kana budaya
aya jalma teu boga banda
sadayana tos dipasihkeun
angklung teh ti tatar sunda
naha urang bet mopohokeun
ulin ka laut banda
naha jadi nalangsa
kuring teh urang sunda
kuring nyaah kana basa
di kebon sato aya panda
panda ngahakan kangkung
budayakeun budaya sunda
bilih lapur kawas angklung
kamari ulin ka samarinda
trus nyimpang ka bima
kuring mah da urang sunda
nyebat ka indung teh ema
diluhur aya bandera
bandera gambar panda
naha kuring kudu era
pan ieu teh basa sunda
poe salasa tumpak kuda
kuda paninggalan walanda
urang mah urang sunda
atuh pake basa sunda
kangkung diasakan ku banda
raos pisan rasana
angklung teh asli ti sunda
kuring nu bogana
aya pawang buhaya
pawangna ulin ka persia
kudu nyaah kana budaya
bisi dicolong ku malaysia
hayang ulin ka gunung gede
di gunung aya buhaya
urang sunda sing harade
sing nyaah kana budaya
ulin ka jalan juanda
sawaktos bulan puasa
mun ngaku urang sunda
tong poho kana basa
aya huma dekeut situ
eta huma nu bogana panda
naha urang sunda teh kitu
alim nyarios ku basa sunda
Aya jalma leumpang ti peuting
Manehna teh balik nyaba
Urang sunda kudu eling
Tong hirup sakaba-kaba
Lamun urang ka Cikolé
moal hésé tumpak kahar
Lamun urang boga gawé
moal hésé barang dahar
Lamun urang ninun kantéh
ulah resep maké poléng
Lamun urang leutik kénéh
ulah resep ngomong goréng
Saninten buah saninten
Panganten iring-iringan
Hapunten abdi hapunten
Bade ngiring sisindiran
Aya listrik di masigit
Caangna kamana-mana
seueur istri jangkung alit
Acingna kamana-mana











Tidak ada komentar:

Posting Komentar