PANGBALIKAN
Iuh, iuh gunung kuring
angin ulin dina embun-embunan
sawaktu-waktu kuring kudu nepungan
dumeh hirup halabhab cinta
di maranehna nya ayana
Aya sababna kuring tibelat
aya sababna kuring pegat
tapi nu ahir lain kaabadian
kakasih dina hate ngawih deui
Iuh,iuh gunung kuring
nyata, nyata tanda-tanda
ngabalungbung jalan hirup
nepi ka nyawa rek asup
ka maranehna kuring rek balik
ka maranehna kuring rek pamit
(Wahyu Wibisana, Ciawang ,28-7-56, tina Kanjutkundang)
LEUWI
sora nu tinggerendeng
teu weleh saheng
di leuwi aing
laut nu tan istirah
teu weleh motah
di leuwi aing
di leuwi aing
sagala teu weleh betah
sagala teu weleh motah
(Abdullah Mustappa, Tina Mangle No.217)
LALAKON I
Mangsa budak resep ulin
ngarucu bulan
mangsa rumaja resep wanoja
ngumbar asmara
nincak sawawa narik jangkar
ngambah sagara
geus kolot mah kari tapakur
isuk sore ngitung
umur!
(Hadi AKS, Tina Galura No.39)
LAGU HIRUP
Unggal poe unggal lengkah
nataan tanggal dina kalender
angger aya nu diarep-arep
ari umur melesat henteu kajeueung
Dina beja dina carita
teu weleh aya nu miheulaan
warna-warni kajadian. Teu kapireng
da puguh katalimbeng rusiah
Dina sakeclak cimata. Aya kasedih
nu teu kedal. Dina kongkolak
kahirupan. Aya nu miang
teu mulang deui
(Eddy D. Iskandar, 1992)
BONGAN KITU
Bongan kitu disebutna, puguh mega
dipapay di awang-awang: cek aing angin
bongan kitu karasana, nyerina raheut
tatamba ka saban tabib: cek aing ngimpi
bongan kitu digambarna, geulis kabina-bina
ditepungan unggal wayah: cek aing werejit
bongan kitu pandena, nyarita sorangan
ditataan di rs jiwa: cek aing eling
bongan kitu ayana, beda jeung nu lian
diguliksek dina kamus: cek aing ibadah
bongan kitu itunganana: Gusti
(Juniarso Ridwan, 1992)
PADUNGDUNG DANGDUT
“Hidup! Hidup! Hidup!” cek peureup mani baruleud ngahaja nonjokkan
angin nu keur tibra lebah liliuh caringin. Angin teh tibuburanjat nyusul
manuk nu ti heula ngagarapak tina dahan kana dahan. Barengong
angin jeung manuk mireungeuh mangpirang peureup tinggorowok
nyentakan beurang bayeungyang. Beurang tembong rerenjagan tuluy
kabur sakur pangacianana. “Hidup aing! Hidup aing! Hidup aing!”
cek peureup beuki tararik bari tembong aya seuneu ngabebela tina
sela-sela ramo. Ngadegdeg angin jeung manuk nenjo beurang beuki
soak gogobrot juuh kesangan. Keur kitu, panonpoe ngagilerkeun
cahayana nyorot peureup nu ngabring ti peuntas ditu “Aing ge hidup!
Aing ge hidup! Aing ge hidup!” cek peureup nu karek cunduk sarta
teu tata teu titi ujug-ujug ngajorag nu keur sesentak. Ger campuh
peureup jeung peureup nu sarua pada-pada sareuneuan ngabebela
Peureup diadu jeung peureup deui. Tinggorowok. Tingjarekok sora nu
patonjok-tonjok. Angin mabal. Manuk mabur. Beurang geheng. Getih
peureup boborot nyiram sampalan. Kacaturkeun tengah peuting,
disaksian imut bulan, dua peureup nu baradag sasalaman handapeun
tangkal caringin. Nu itu nyiwit ceuli saeutik. Nu ieu bet ngeleketek.
(Godi Suwarna, Kotakidul, 92, Galura No.16)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar