Jumat, 25 November 2011

puisi sunda

duh rasa..
gulidag nu rosa teu kasubadanan ku diri nu laip

hampura mun anjeun kageurih
ku pucuk harepan nu teu surti
ku diri nu teu daek ngarti
ku rasa nu sumarambah
malidkeun jatining diri



sanajan bulan tumunggal
caangna mah bati nu hegar
bangun nu teu ngemu tunggara

sanajan bulan nyorangan
teu risi ngambah sagara peuting
nganti bentang nu baris marengan
nganteur nyorang simpena peuting
nepi ka balebat nyampeur
nyinglarkeun kahieum ati

Jeujeur harupat tuluy ngipisan
indung suku tuturut peot
awak jadi budak
waragad teu walakaya

geuning teu di kawit teu di pungkas
kokojayan dina lantaran
sebrot hareudang hiliwir angin
ngalengkah numut sarangenge

los kaditu los kadieu
ngarenghap tuluy hah heh hoh
mmm, ngajerit diudag seuri
Nya ayeuna mah ayeuna...





peuting ieu,
anjeun ngajanggelek na poekna hate
meupeus keuyang rasa nu mancawura
paguliwota na heureutna dada

ambek nyedek tanaga midek
napsu ngagulidag taya liang moncor
antukna ngaguruh nutupan mamaras
tuluy ngilang tanpa laratan
nyesakeun diri nu nyileuk taya karep

tug nepi anjeun nyaangan
mapaesan jemplingna peuting
maturan bari ngelingan
ngajak balik ka na pitrahna

muga pareng isuk jaganing geto..



Layung di beulah kulon geus nembongan
Tandana srangenge geus waktuna nyalindung ditukangeun gunung
Hawa sore beuki karasa
Angin peuting geus ngadagoan
Naha kuring bet inget ka wanci haneut moyan?

Di lebah buruan aya kembang kanyaah anu keur meujeuhna ligar
Daunna hejo ngemploh matak betah mun ngiuhan
Waktu panon poe geus manceran
Eta kembang teh bet jadi leugit teu puguh juntrunganana

Kuring ngan nyekel kembang kanyaah anu murag
Dibawa diteundeun dina kantong katresna
Ayeuna wanci geus sareupna
Kuring moal bisa manggihan waktu beurang anu tadi

Sariak layung pang nepikeun ieu tresna
Panon poe pang nepungkeun deui beurang anu endah
Angin peuting wayahna pang nepikeun ieu asih

Ayeuna geus waktuna ngitung bekel
Ayeuna geus waktuna mapagkeun alam peuting
Ayeuna geus waktuna ngurus diri
Diri anu lakomot ku polah anu teu guna



wanci yuswa tunggang gunung
sagala nu ngarandapan narembongan
nyisit melit kana ati
matak eungap kana ambeukan

wanci yuswa tunggang gunung
sagala kahayang narembongan
bongan diri geus teu uni
nyalimpang kana diri sorangan

wanci yuswa tunggang gunung
kahoyong tinggal kahoyong
hoyong nyorang waktu katukang
matak mawa kasalempang



Rekah malam yang tumbuh masih meruncingkan batinku yang dingin
Memunguti hikmah dari setapak isyarat menuju surau-surau ketabahan
Kau menjelma tangan-tangan gaib yang menutup pintu-pintu keluh kesah
Mengalirkan arus cahaya yang merunduk di reranting keheninganku
Menyimpan ziarah doa-doaku pada garis-garis panjang kepedihan

Lentik jarimu yang mempermainkan senja, masih saja menguji tafakurku
Bertahun melupakanmu dan kau tak henti menyimpan kejernihan hatimu

Lalu aku dzikirkan sunyi pada lembaran langitmu yang maha sepi
Senja menyusun rindu yang menyala dalam rakaat kesendirianku
Hujan masih kau susun dan aroma bismillah merambah akar imanku
Kau uraikan rambut hitammu pada sudut-sudut mata hatiku yang letih
Sebelum akhirnya kesedihan perlahan memudar dalam sujud kesadaranku

Lentik bulu matamu yang memilah musim, masih saja menguji ibadahku
Bertahun meninggalkanmu dan kau tak henti menunggu kejernihan imanku



Najan liwung kakurung tungtung
Najan muyung kakurung layung
Jung sumalindung kanu AgungDuh, Gusti wiati pangarti
Nu sajati mariksa ati
Nu rancage ngawasa simpe hate
Nu ngatur sesa umur
Nu suci ngaraksa wanci
Salawasna hirup jeung pati moal pahili

Najan gumulung digelung untung
Najan nangtung manggung di gunung
Jung sumalindung kanu Agung

Duh, Gusti malati sanubari
Anging Anjeun nu surti
hariring kuring
Boh eunteup dina keukeup raheut
Boh eunteup dina keukeup geugeut
Salawasna teuteup Anjeun tuhu dina puhu kalbu…







layung koneng namperkeun katineung
duriat geus mangsana manjangan, jungjunan
nyangsaya nyarandekeun hate
teu wasa, ngelemeng kasaput simpe
ngagerihan, muntang hariwang

didieu pisan, cihujan nyangkaruk dina lamunan
naha imutna bet teu raat-raat
rumingkang mawa napak tilas
mangsa dua rasa ngagalura
pirang-pirang kalangkangna
miripis mungkas tembang girimis

gulinggasahan, cuang cieung ngarasa keueung
nedunan katresna, ngagugulung kasono
kamemelangan…

layung koneng namperkeun katresna
namper wening jadi eunteung katineung
aya duriat nu manjangan, jungjunan
beueus rasa ku kumelip kiceup kaasih nu lawas
mugia manjang, mugia salawasna aya dina ridho Gusti







langit numendung kalimpudan ku mega hideung
angin ngahiliwir nyereset kana ati
matak ngageuingkeun lelembutan diri
ngan hiji gusti nuwidi numaha agung
balebat fajar ti wetan nyingraykeun hideungna mega peuting
batara alam nu endah mukakeun gapura sagara hirup
nubaris jadi lalakon hirup kumalayang dialam dunya









peurih
Geter geter rasa numawa katresna
nganjang kana puserna kalbu
netep nanceb nurih kana sajeroning rasa
amparan kahayang ngolebat
nyipta manisna rasa kadeudeuh
sakapeung mindah jadi cimata nungumbara
ngalengkepan rasa kuciwa







Sumiratna cahaya sarengenge
nyaangan dada nu rangsak
karasa haneutna susuganan
garing tatuna
balas di sasaak rasa

Manuk ricit di sarada
siga nu tausyiah
ngupahan nu lara tunggara

Ceuk manuk
sing sabar....sing sabar...
kuring kur bisa mesm bari ngalimba















Lebah pertelon pasosore aya teuteup jeung imut
Teuteup nu matak nembus jajantung
Imut nu ngelet matak nyeredet kana hate
Di lebah dinya rasa sono patepung deui

Lebah pertelon silih teuteup ku ka deudeuh
Lebah pertelon silih baledog imut ka asih
Lebah pertelon silih patarema kaanyaah
Lebah pertelon silih mantengkeun katresna
Lebah pertelon teuteup jeung imut anjeung matri dina ati

Teuteup jeung imut nu eta moal bisa ditepungan deui
Geus kalimpudan ku waktu

Teuteup jeung imut nu eta geus ngancik dina ati
Anu moal bisa leungit deui

Ibun harepan
kamari rundayan katineung rek dipalerkeun
bongan mawa eurih
nu ngageuri kana ati
ngabudalkeun kingkin
jeung rambisakna rasa

tadi,
ku naon salira ngaririhan deui
mawa ibun sanajan sakeclak
nu nyirungan deui katineung
nu ngahaja rek disinglar

duh gamparan,
guligahna rasa
hamo bisa disidem deui..
























Tidak ada komentar:

Posting Komentar