Rabu, 30 November 2011

SAJAK ANYAR

Bulan ukur jadi kalangkang dina peuting ngabangingik, jadi tumbal dina réwuan juta lampu nu moncorong. Beureum, konéng ngagindingan kota, sawaréh lalumpatan di jalan-jalan patakonan. Ting garerung bari ting sérépét meupeus lamunan. Langit beuki alum némbongkeun kaceuceub. Kuring beuki anteng ngelun-ngelunkeun haseup filter, sumarambah ngalimpudan jomantara. Nyéh, bulan seuri basa kuring ngajak sasalaman, ngajak ulin lulumpatan dina kecap-kecap nu ngawangun puisi…


Cenah hirup teh jalan nu pagaliwota

Sedeng cinta ngan saukur teteguhan

Urang bebas leumpang mapay nu can kasorang

Nyorangan atawa babarengan teu jadi sual

Di mana aya kacinta di dinya urang bakal ngalalana



Cenah hirup teh kabel nu pakuranteng

Sedeng cinta ngan sakadar layar monitor

Sing nyalse. Sing daria. Tumaninah.

Sabab jaga teuing kumaha boa

Di mana aya tunggara di dinya urang eureun ngalalana.



Cenah hirup ayeuna teh di dunya

Sedeng cinta teuing di mana ngancikna






Sit-uncuing ngelak maseuk kota

Nyelangan gerung kored mesin

Memeh pindah kana gurat jukut sejen



Handapeuneunana balawiri nu ngulon ngetan

Tuturubun ngudag jeung diudag waktu

“Bisi teu kasampeur nu lebah pengkolan!” ceuk hatena

Ngomong ka panon poe nu teu malire



Renghap ranjug dayeuh beuki sumpeg

Katarajang panyakit mengi sabab paru-paruna geus karancang

Dina tikorona menet reuhak peradaban

Ngagulung jeung teknologi

Jeung runtah



Handapeun sora Sit-uncuing manglaksa kacangcaya teu kungsi mulang

terus ngamalir ka rorotek jalan nu brasna ka poe kiamat






Da cinta nu saéstuna tara laas ku robahna mangsa

Rongkah, rohaka tumerap na dadasar kalbu

Nu bisa ngarungkup gunung,

ngojayan jaladri, meuraykeun jaladra



Urang suaykeun rupaning lalangsé

Urang halingkeun aling-aling



Wilujeng milangkala, jungjunan…



Karasa ayeuna mah Yan

lalampahan téh geus natrat

kajeueung di péngkolan



bulan béngras kénéh

nyaangan léngkah gejed urang

nu ngandelkeun gandeuang basajan



Yan bulan masih nu baheula

najan cahyana dicangkalak katunaan

wirahmana angger marengan réngkak urang

nu éstu rimbil ku harepan nu can kalakonan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar