Kamis, 01 Desember 2011

barakatak

Néangan Kabogoh
"Kuring téh hayang boga kabogoh," ceuk si Ocid. "Mun bisa mah ku énté pangnéangkeun nu: bodas, rada ampeg, biwirna beureum...""Ooh nu kitu," cekeng teh."Aya, si Nurul! Awakna ampeg, biwirna beureum, kulitna bodas deuih!""Tah eta, kajeun jang uing?"
"Pek we, tapi...da lalaki si Nurul mah! Ngaranna bae Nurul."
"Ari tamba euweuh teuing mah, sigana....lumayan oge," si Ocid bati ngaheruk.
Kuring ukur nyerengeh.
Andri Priyatna, S.Sos
Jl. Kartini, 233 Majalengka


EUNGAP
"Asa heran sorangan uing mah," cekeng teh ka Safari. "Eta mun puasa teh, teu lapar, teu haus nu karasa mun geus tengah poe ereng-erengan teh." "Naon bae nu karasa? Tunduh?" ceuk Safari. "Eungap!" cekeng teh. "Sakapeung nepi ka hayang heuay ge hese!""Enya, mahiwal eta mah. Kamerekaan roko sigana teh!""Bisa jadi!"
Andri Priyatna, S.Sos
Jl. Kartini, 233 Majalengka

BON HUTANG
Ojo: "Ari Bapa maneh maotna ku naon?"Iji : "Panyakit jantung. Pedah loba hutang, bon hutangna ge sakarung.... kulahek waeh."Ojo: "Bagean maneh meureun mayaran hutangna, nya. Geus lulus acan?"Iji: "Baroraah lunas, malah bon hutang teh nambahan sakarung. Hutang dewek!"
Ojo: "Iraha atuh maneh rek paeh kaserang jantung?"
Rahmat Iskandar - Bandung

TUTUNG
Ema : "Panas poe kieu rek indit-inditan. Make payung atuh, Nyai !"Nyai : "Wios ah, Ma, da kulit abdi mah tos hideung!"Ema : "Nya Ema mah nitah dipayung teh bisi tutung!"Nyai : "Si Ema mah!"
Rahmat Iskandar - Bandung

HAYANG LINTUH
Boga awak begang wae. Narekah mah narekah hayang rada lintuh, tapi taya hasilna. Hiji waktu jalan-jalan jeung salaki. Sapanjang jalan Ciamis-Cikoneng manggihan jalma burung aya kana tiluna urang. Kata-rata awakna lalintuh. Sareseg. Najan sapopoe kahujanan kapanasan. Ceuk salaki, kuring ge mun hayang lintuh teh nurutan we jalma gelo.Tara loba pikiran, matak meujeuh awakna lalintuh ge. Ceuk pikir....ke lanan. Kajeun begang batan kudu bubulucunan sisi jalan.
Nur
DKM Al-Munawar
Ds. Kota Buniseuri
Cipaku Ciamis


NYERIEUN
Neng Tita keur diajar kukumbah.Mamah : "Ngumbah katel mah kedah digosok sareng bujurna, ngarah herang!"Neng Tita : "Ah alim"Mamah : "Haha?"
Neng Tita : "Hawatos ke bujurna nyerieun da Eneng ge upami nuju diruruan bujur ku mamah sok nyeri..."
Nur
DKM Al-Munawar
Ds. Kota Buniseuri
Cipaku Ciamis


NGEMIL
Mitoha :"Kabayan, ari maneh puasa teu?"Kabayan : "Atuh puguh wae, Abah"Mitoha : "Ari eta biwir runyah-renyoh keur ngemil naon?"Kabayan : "Lain ngemil, ieu mah keur nambaan biwir nu barohak, ku pitamin C"
Mitoha : "Dasar sia..."
KANGGE LEBARAN Budak : "Ma, tos gaduh naon kangge buka teh?"
Indung :"Can boga sangu-sangu acan, komo deungeuna mah..."
Budak : "Ari kangge lebaran?"
Indung : "Tenang geus aya beas sakarung, endog tilu kilo, sardencis, pikueheun sapuratina, hayam weh peunciteun...."
Nur
DKM Al-Munawar
Ds. Kota Buniseuri
Cipaku Ciamis


KIRIPIK
Oman : "Nini urang mah lamun ngadahar kiripik teh sok tereh, diteureuyan."Omen : "Naha bet bisa kitu, pan huntuna tinggal dua"Oman : "Pan kieu Rini urang mah, si kiripik teh diasupkeun kana coet, terus direndos. Tuh pan tereh diteureuyanna...."Omen : "Ah..."
Anita S.P
Gg. Karamat No. 17 RT 07/01
Cicaheum Bandung 40282


WALANDA
Upay: "Naha nya ari sirsak sok disebut nangka Walanda?"Apuy : "Apanan eusina bodas, bule, jadi weh disebut nangka Walanda."Upay : "Geuning campoleh oge, apanan koneng, naha bet disebut sawo walanda?"Apuy : "Justru ku konengna, semu-semu pirang. Ari buuk na bule kapan pirang. Jadi weh sawo Walanda."
Upay : "Mani maksa kitu nya euy?"
Aeleas
Kujanglima Bandung


RAPOT
Poe Saptu harita teh barudak SD samenan dibagi rapot. Ngahaja diuk di tepas imah nungguan incu, si Adib nu kakara kelas hiji, bareng indungna datang ti sakola. Waktu manehna norojol, kuring langsung nanya, "Kumaha Adib, alus rapot teh?"Ari pek teh jawabna, "Sae, Aki. Da warnana ge biru jaba dipelastikan, meni sae sareng beresih." Dasar budak, maksud kuring mah peunteun pelajaran manehna anu ditulis dina buku rapot eta lain buku rapot bungkeuleukanana.
Yadi Kusmayadi
Jl. Alexander 57 A
Bandung

KALENDER
Di imah aya kana tiluna kalender teh. Meulina henteu bareng. Tapi bet heran beakna mah mani sapoe reujeung. Tanggal 51 Desember. Kapaksa kuring meuli deui...
Ena Rs.
Sidamulya,
Bj.Gebang, Rch 46387.



ITEUK

Incu: "Aki, aki, geuning ieu bogana Si Buta dari Gua Hantu aya di dieu."Aki: "Naon tea. Cu?"Incu: "Iteuk!"
Ena Rs.
Sidamulya,
Bj.Gebang, Rch 46387.


BURSA
Oding: "Bapa uing Mah gawe di BEJ (Bursa Efek Jakarta).Odang: "Bapa uing mah di BES (Bursa Efek Surabaya).Odong: "Ari Bapa uing mah di BBB...Oding: "Bursa naon BBB teh?"
Odong: "Bursa Buku Bekas!"
Ena Rs.
Sidamulya,
Bj.Gebang, Rch 46387.


PUPURILITAN
Onih: "Ema, ema, itu hulu hayam pupurilitan siga bujur Inul!"Ema : "Ari budak. Lain jiga bujur Inul. Eta teh bisi teu nyaho mah hayam ku tetelo..."
Ena Rs.
Sidamulya,
Bj.Gebang, Rch 46387






DINA riungan di bumi ajengan, hiji santri gawéna ngan hulang-huleng sajeroning ngabandungan katerangan ti guruna. Cék ajengan, "Mun hayang meunang kabagjaan, urang kudu terang kana alamat Alloh. Ngajugjug alamat Alloh mah aya dina rarakatan solat. Sok geura urang tataan, isa 4, subuh 2, lohor 4, asar 4, magrib 3."
Geuning babari nginget-ngingetna, cék éta santri gegerendengan sorangan. Barang nepi ka imah, gutrut wé éta santri téh nulis surat.
Kahatur Gusti Alloh
di 42443
Nun Gusti, ieu abdi seja dumeuheus ka Salira. Nepangkeun, abdi téh hamba Salira nu teu kinten leketkeun dina ngalaksanakeun ibadah. Siang wengi teu weléh sumujud, babakti masrahkeun raga sakujur. Abdi mah tos teu ngémutan haliah dunya. Éstuning madepkeun diri sagemblengna ka Salira.
Nanging, dina waktos ieu mah, rumaos abdi téh nuju gaduh karerepet. Eta,  patali sareng hahargaan nu nérékél. Katambih pun anak nu cikal, ayeuna tos sakola. Saur guruna kedah énggal-énggal méréskeun bayaran sakola.
Tah, ku kituna, ngalangkungan ieu serat, abdi seja mundut sih piwelas ti Gusti. Teu ageung, mung 100 rébu.
Hatur nuhun sareng diantos waleranana.

Baktosna,
Santri nu teu weléh babakti.

Sup wéh éta surat téh kana amplop. Gidig ka kantor pos, nikreuh ti imahna kénéh. Tapi kantor pos geus tutup, nya sup wé kana kotak pos. Ngan lantaran neundeunna rusuh, surat téh dapon néwél, atuh pluk wéh murag ka jalan.
Teu kungsi lila gurudug pulisi duaan kana motor. Reg lebah kotak pos.
"Bieu mah siga mubus ka kantor pos," cék nu saurang.
"Lain, ngabiur ka ditu!" walon baturna.
"Ka kantor pos. Déwék inget kénéh jelemana, maké jékét beureum. Éta tuda ngajalankeun motor téh mani laun pisan, nepi ka teu bisa nyusul."
"Keun baé atuh, pira gé ngalanggar teu maké hélem. Sigana urang dieu. Ké, ari éta naon?" cék nu hiji bari nunjuk kana surat.
"Surat euy, sigana murag tina kotak pos, teu bener ngasupkeunana. Cik urang asupkeun deui..." cék baturna. Kop kana surat, méméh diasupkeun téh dibaca heula. Nyéh seuri sorangan. "Anéh ieu jelema. Nyuratan ka Gusti Alloh. Cik urang buka..." bari gereyem dibaca. Baturna milu maca.
"Jelema setrés sigana mah. Geus poékeun. Cik béré atuh..."
"Béré naon?"
"Asupan duit... pira saratus rébu."
"Teu boga... ngan boga 75 rébu...."
"Enya saayana wé... jajapkeun ka imahna bari balik..."
Pabuburit éta dua pulisi téh nganteurkeun amplop ka imah santri.
"Yeuh, aya surat?"
"Ti Gusti Alloh?"
"Enya."
"Alhamdulillah, tos diwaleran. Nuhun..."
Bus ka imah. Gancang surat dibuka. Terus kerung. Teu ngengkékeun, gutrut wé nulis deui surat.
Gusti, hatur nuhun kintunanana parantos katampi. Mung pamundut, ka payunna mah teu kénging dititipkeun ka pulisi. Geuning dipotong 25 rébu. 





Di Hiji Taman

Di hiji taman nu keur meujeuhna sepi, pasosoré, mangsa langit keur hibar ku layung.
"Néng, teu karasa nya, urang hahadéan téh geus tujuh bulan."
Jempé sakeudeung.
"Akang jangji, lamun Enéng keresa mah, rék énggal-énggal ditikah. Mas kawinna, sing percanten, moal dianjuk. Kontan sajuta!"
Taya nu ngawalon.
"Tos kabayang panginten ku Enéng, upami urang engké panganténan..."
(Padahal lebah dinya téh taya deui sasaha. Ukur manéhna sorangan.)

Buruh Néangan

Cék hiji koran, aya kulawarga nu leungiteun ku akina. Cenah éta aki-aki téh kabur ti imah opat poé katukang. Geus ditéangan teu kapanggih waé. Cék dina koran, singsaha nu manggihan éta aki-aki, bakal diburuhan. Ari ciri-cirina, éta aki-aki mawa kantong gedé, di jero kantong aya duit pangajina 100 juta.
Nu néangan téh bur-ber ka kulon ka wétan, da hayang buruhna téa. Mang Ikin nu ngarasa gedé milik téh, keur nungguan warung, éta aki-aki nyampeurkeun meuli udud. Teu ngengkékeun deui, durugdug wé dibawa ka imah kulawargana.
"Hatur nuhun, simkuring bungah pisan," cék nu boga imah. "Kantongna mah ka dieukeun wé. Tah, étang-étang kagegelan, mangga ieu aki kuring candak. Simkuring mah tos aral ngurusna!"

Pasanggiri

Geus rupa-rupa pasanggiri téh. Di lembur Cihieum mah, aya "Janggot Ngagebay Awards", pasanggiri papanjang-panjang janggot. Hadiahna teu kapalang, imah kari nyicingan, lengkep jeung parabotna.
Nu ngarasa ngingu janggot mah euweuh nu teu miluan. Cék catetan panitia, nu miluan téh leuwih ti opat ratus urang. Geus kumpul, ngong panitia biantara.
"Ieu pasanggiri kedah adil, nu mawi panitia ngadamel aturan. Engké panitia rék ngabagikeun pangurud janggot, teras cukur éta janggot Sadérék dugi ka lénang. Antosan di dieu dugi ka éta janggot manjangan deui. Tah, nu merenah meunang hadiah téh, nyaéta nu janggotna nepi ka sametér."

Leukeun

MANG Mista mah kasebut leukeun. Tara bosenan, tara putus asa. Éta wé, upama aya nu keur nyawér dina kawinan, nu dipulungan ku Mang Mista mah lain duit récéh, tapi béasna, dikumpulkeun.
Kamari, Mang Mista ngahuleng. Mikiran kumaha carana sangkan cai di walungan lebakeun imahna, bisa ngocor ka buruan. Nyéh seuri sorangan, terus baé manggul pacul. Tuluy nyieun solokan, sina nanjeur ti walungan ka lebah buruanana. Puguh baé ku Pa Érté digeuhgeuykeun.
"Mang, cai ti handap mah teu mungkin ngocor ka luhur. Mun ti buruan ka walungan, bakal bisa,"
"Ari Pa Érté, upami dileukeunan mah, moal aya anu henteu tiasa!" pokna, bari terus baé macul.

Usum Harénghéng

Di lembur keur usum bangsat. Loba nu leungit barang atawa ingon-ingon. Hiji mangsa, Si Mista laporan ka balé désa.
"Leungit sapi, Pa Kuwu!" pokna. Puguh baé, poé éta mah ramé néangan sapi Si Mista. Tapi nepi ka saminggu lilana, teu kapanggih baé. Ngan Pa Kulisi mimiti kerung, sabab di imah Si Mista mah euweuh kandang sapi.
"Naha di mana diteundeunna sapi téh, Mista? Geuning euweuh kandangna gé?"
"Nu mawi, dibawa jeung kandang-kandangna, Pa Kulisi?"
"Har? Bisa kitu geuning?"
"Pasti tiasa, da ayeuna mah keur usum harénghéng!"

Cikopi

Hiji mangsa, ka imah Mang Ija aya nu nganjang. Mangkaning di imahna teh keur teu boga nanaon keur nyuguhan. Tapi ari basa mah apan perlu, moal sémah dianggurkeun baé.
"Badé ngaleuleut naon, Pa. Citéh atanapi kopi?"
"Wios kopi wé!"
Mang Ija ngaléos ka dapur. Tapi kalah ka ngahuleng, da puguh euweuh nanaon téa. Rugup-ragap kana pésak, euweuh duit. Katambah warung jauh deuih. Kabeneran aya areng paranti ngistrika, terus baé ditinyuh ku cai atah. Song dibikeun ka sémah.
"Tapi punten, Pa, cikopi ieu mah teu kénging dileueut. Wios ditingali baé. Saéna, bapa mah ngaleueut cai hérang!"
"Har?"

Usum Hapé

Abong keur usum Hapé, ayeuna salaki-pamajikan gé nyarekelan HP. Contona Mang Diran jeung Bi Rukmi. Najan pagawéanana ukur ulukutek di imah, tapi barogaeun hapé.
Beurangna:
"Halow, di mana ieu, Mah?"
"Nuju di dapur, Pa!"
"Enya, da Bapa gé keur di tengah imah!"
Peutingna:
"Halow, tos kulem, Mah?"
"Teu acan. Bapa di mana?"
"Apan ieu dina kasur, gigireun Mamah!"

Nadar

Geus tilu poé Mang Dohing ngadon cicing di luhur kalapa, gigireun imahna. Tatanggana puguh bae kagét. Boa-boa Mang Dohing teh rada kaganggu ingetanana.
"Turun Dohing, kumaha lamun labuh?" ceuk Pa Érté bari tanggah. Nu séjénna milu hariwang.
"Moal!" jawab nu ti luhur.
"Ngarah naon atuh, maké naék kana kalapa. Mun rék diala puguh deui!"
"Kieu, Pa Érté. Baréto kuring teh nadar, lamun boga anak lalaki, rék cicing di luhur tangkal kalapa saminggu lilana. Tah, ayeuna dilaksanakeun!"

Kajadian

"Kamari mah aya kajadian!"
"Geus naon deui baé?"
"Pék we atuh bayangkeun, aya mobil keur mengpengan ka kulonkeun, terus aya motor sarua ngebutna, ka wétankeun,"
"Tabrakan atuh, kumaha nu tumpakna?"
"Henteu. Da mobil mah di Jl. Sukarno Hatta, ari motor di Jl. Ahmad Yani!"

3 komentar:

  1. n_rohyat@yahoo.com25 November 2013 19.58

    yah menarik si tapi ini puisi apa saak si

    BalasHapus
    Balasan
    1. aisah nur janah25 November 2013 20.02

      ih ieu mah meren carpe saha nya nu ngajeuna carpen atawa pusi
      nu alusmah judulna "rapot"

      Hapus
    2. arina ayu langi25 November 2013 20.05

      cucu sayang aku arin aku cinta kamu cucu aku cintaaaaaaaaaaaa kamu
      km org mancagar kan cucu ilove you

      Hapus