Sabtu, 10 Desember 2011

lucu

Kantong Canggih
Para pakar disainer kantong di nagara Manaboa ngayakeun gempungan pikeun nyiptakeun hiji produk kantong nu canggih tur serbaguna di antarana: nu bisa dipake balanja, anti air, bisa dipake tiung lamun hujan, tilam diuk lamun darurat, fleksibel teu gagarubang, bisa ditilep disakuan, teu ngerakeun lamun dibawa apel ka kabogoh, teu matak kabita rampog atawa jambret, bisa didaur ulang, trendi tur murah pisan hargana.
Sanggeus adu reyom, debat meunang tujuh poe tujuh peuting ahirna juri mupakat wae hasilna eta kantong teh dingaranan: KANTONG KERESEK HIDEUNG.

M. Arsya

Stress
Di rohangan tunggu rumah sakit.
Pasen 1: "Kasawat naon Pa?".
Pasen 2: "Asam urat, rumaos seueur teuing wisata kuliner"
Pasen 1: "Ari bapa kasawat naon?"
Pasen 3: "Kolestrol, rumaos abi oge ari dahar teh kudu wae jeung gule, sate, jeung sop buntut."
Pasen 1 nanya ka Bapa Ontohod: "Ari Abah kasawat naon?"
Bah Ontohod: "Stress Ujang."
Pasen 1: "Ngemutan naon atuh Bah dugi ka stress kitu?"
Bah Ontohod: "Rumaos teu kacumponan hayang barang dahar ngeunah."

M. Arsya

Nyieun KalimahBu Guru: "Syarif jieun kalimah make kecap edan."
Syarif: "Aden adina Idan tatangga Udin rada edan, da dismekdon ku Si Adun."
Bu Guru: "Ayeuna maneh Aden make kecap syaraf."
Aden: "Syarif ahli sorof, suruf rada syaraf da disirep ku tukang sirop."
Bu Guru: "Aralus."

Nurul Hidayah
Madrasah Aliyah Yaspin
Jl. Pesantren No. 26
Cibolong Kidul Cisaat
Sukabumi - Jawa Barat
43152

Motto Mangle"Kumaha mun motto Mangle teh kieu wae atuh, MENDING NGAGAKGAK BATAN NGAGUKGUK!"

Ati Wulandari
Jl. Moh. Ali No.85
Kec. Ciranjang - Cianjur 43282

Beuki Murah"Kalender teh beuki dieu beuki murah!"
"Na kumaha kitu?"
"Nya pan baheula mah kalender teh dua rebu tujuh, terus dua rebu... dalapan ayeuna mah geus dua rebu salapan!"

Ati Wulandari
Jl. Moh. Ali No.85
Kec. Ciranjang - Cianjur 43282

Iding: "Naon sababna motor teu meunang asup ka jalan tol?"
Odong: "Sabab meunang asup ka jalan tol mah kandaraan nu gilindingna opat atawa leuwih cara mobil."
Iding: "Salah."
Odong: "Sabab kitu aturanana meureun?"
Iding: "Salah."
Odong: "Ari ceuk ilaing naon alesanana?"
Iding: "Sabab ditumpakan ku jelema. Da mun teu ditumpakan mah teu nanaon. Tenjo we ku ilaing ningan sok aya treuk mawa motor asup ka jalan tol, ku pulisi ge teu dikitu kieu."
Odong: "Heueuh, nya!"

Fendy Sy. Citrawarga - Bandung

JigaUus: "Pa, ari kingkong teh jiga naon?"
Bapa: "Anu jiga Oa ngan gede!"
Uus: "Ari Oa jiga naon?"
Bapa: "Anu jiga monyet!"
Uus: "Anu jiga monyet naon?"
Bapa (kesel): "Jiga indung maneh...!"
Uus: "Maaah... Ieu geura yeuh ceuk Si Bapa, Mamah jiga monyet!"
Bapa: "Na ari siiiaaa... ka kolot teh!"

Hikmat

Akibat BingungAya pamuda tukang mabok keur dipapatahan ku ustad.
Ustad: "Yeuh, ulah mabok wae atuh, haram deuleu. Maneh nyaho teu mun akibatna loba nginum?"
Pamuda: "Terang...!"
Ustad: "Naon akibatna teh?"
Pamuda (teu kireum-kireum): "Beser...!
Ustad (ngaleos): "Abong nu keur mabok."

Hikmat

BeusiAso: "Abdi teh atlet lari Bah... hoyong tiasa lumpat tarik sareng bedas kumaha tah cara sareng saratna?"
Bah Omeng: "Euh... jadi maneh teh hayang bisa lumpat tarik jeung bedas?"
Aso: "Sumuhun Bah, kumaha tah?"
Bah Omeng: "Gampil eta mah Cu... saratna mah ngagegel beusi geura!"
Aso: "Ngagegel beusi?"
Bah Omeng: "Enya... sok geura tingali kuda oge ngagegel beusi, lumpatna tarik jeung bedas!"
Aso (na hate): "Kasebeleun siah hanas jauh-jauh aing ka dieu!"

Hikmat

SaliwangAki jeung nini keur ngobrolkeun incu na anu turunan indo.
Aki: "Nini, incu teh mani kasepnya abong turunan... ngan hanjakal bet digundul. Saha ngarana teh Aki mah poho deui?"
Nini: "Oooh... eta Si Luis."
Aki: "Luis... luis nanahaon geus puguh gundul euweuh buukan!"
Nini: "Euh dasar nu saliwang..."

Hikmat

NgetikBudi: "Silaing mah Gus, mani "jadul" pisan! nyieun karangan diketikna ku mesin tik biasa! ku komputer atuh, da ayeuna mah geus canggih. Sagala ge ku komputer!"
Agus: "Enya make komputer! Dicolokeun kana irung silaing! Da puguh ka lembur urang mah can aya listrik...!" (bari terus ngetik dicaangan ku lampu cempor!).

Agus B. Irawan
Kp. Cisarua RT 02/16 Desa Neglasari
Cisompet - Garut 44174

Cita-citaGuru: "Sakur jelema pasti boga cita-cita. Cing Jan, ari cita-cita hayang jadi naon?"
Ijan: "Hoyong janten dokter, supados tiasa tutulung ngalandongan nu teu damang."
Guru: "Alus tah! ari Abud, hayang jadi naon?"
Abud: "Abdi mah hoyong janten tentara! Supados tiasa bela nagara!"
Guru: "Hade oge! Cing ari Itok, hayang jadi naon tah cita-cita teh?"
Itok: "Eueuh, abdi mah hoyong janten pangarang! Supados... pinter ngabohong!"
Guru: "Heueuh da eta pagawean maneh, purah ngabohong."

SMP HaratisKardun: "Cenah sakola SMP Negri teh haratis, tapi budak kuring mah teu bisa asup."
Kirdun: "Naha bisa kitu?"
Kardun: "Ceuk kepala sakolana mah pedah SD-na teu lulus."
Kirdun: "Nya heueuh atuh, jadol teh hanas didengekeun."

Zeni - Dago

Pisah RanjangBudi: "Bejana pisan ranjang jeung pamajikan?"
Arip: "Heueuh euy..."
Budi: "Aya masalah naon kitu, pan anyar kawin lin?"
Arip: "Eta boga risbang dua. Naasna teh duanana reyod, teu bisa disarean ku duaan. Sono-sono ge kapaksa kudu misah ari rek reup sare mah.
Budi: "Oh... sugan teh."

Zeni - Dago

Siga Munding"Bener euy hirup mah kudu siga munding!"
"Nya kunaon kitu make jeung kudu nyonto ka sato sagala?"
"Geus kabuktian loba jelema anu tuturut munding."

Moh. Iqbal - Cimahi

Muringkak Bulu PundukBubun: "Sangkan teu boga panyakit ngompod kumaha nya?"
Dani: "Gampang atuh hayang teu sieunan ku jurig mah."
Bubun: "Gampang kumaha?"
Dani: "Tingal ka warung meuli silet."
Bubun: "Terus?"
Dani: "Geus aya silet kerokkeun kana bulu punduk, beres."
Bubun: "Heueuh nya..."

Dulurna

Incu: "Ki, ari puting beliung teh dulurna puting susu sanes?"
Aki: "Ngahuleng!"

Ati Wulandari
Jl. Moh. Ali No.85
Kec. Ciranjang - Cianjur 43282

Si Horeng Teh
"Si horeng teh lain ngan saukur aya kawin massal jeung korupsi massal wungkul tapi aya geuning kasurupan massal nu anyar keneh di Jember, Jawa Timur!"

Ati Wulandari
Jl. Moh. Ali No.85
Kec. Ciranjang - Cianjur 43282

Sarua Bolonna
Budak 1: "Kuring mah teu ngarti ku indung kuring, unggal kuring menta dahar jeung sambel sok dicarekan wae"
Budak 2: "Meureun we da lada atuh sambel mah... hayoh deuih nyeri beuteung!"
Budak 1: "Ah da tara lada-lada teuing sambelna oge!"
Budak 2: "Naha atuh?"
Budak 1: "Ngan kitu... mun dahar jeung sambel teh kuring mah kudu aya wae lalabna, dagingna, atina, jeung endogna!"
Budak 2: "Bener aneh nya indung maneh mah?"

Hikmat

Wartawan
Pipik: "Geus gawe naon maneh ayeuna, asa jarang panggih?"
Aso: "Jadi wartawan euy... sibuk!"
Pipik: "Ah... euweuh duitan wartawan mah!"
Aso: "Kajeun ah... jeung deui wartawan mah tugasna neangan berita lain neangan duit!"
Pipik: "Ih, ari maneh teu bisa diajak heureuy!"

Hikmat

Bejana
"Bejana majalah tempo disiomay ku Aburijal Bakri?"
"Lain disiomay atuh. Disomasi kitu!"

Ena Rs
Sidamulya, Bj. Gedang, Rch.

Gagah
Horeng Si Mandra teh najan artis manehna mah gagah. Eta we sok aya paribahasa sakti mandraguna.

E Ena Rs
Sidamulya, Bj. Gedang, Rch.

Teu Kabikeun
Mang Turdi baheula mah sok maen kuda lumping. Tapi geus lila eureun. Pangna eureun cenah lantaran kuda lumpingna teu beukieun deui beling, hayang wae huut. Ari huut pan kudu meuli. Kalah matak bondos. Diantep. Paeh we si kuda lumping teh.

Ena Rs
Sidamulya, Bj. Gedang, Rch.

Salah Sangka
Kuted: "Heran kuring mah euy, unggal nu ngaliwat ka handapeun tangkal kadu kuring, sok ngarandeg heula. Tuluy tanggah... kabitaeun meureun nya?"
Cumlun: "Lain kabitaeun tanggah teh, ulah waka salah sangka!"
Kuted: "Lamun lain kabitaeun naon atuh?"
Cumlun: "Sieuneun kaduna ninggang kana hulu... deuleu, sok ajaran ku maneh!"
Kuted: "Oooh... kitu, sugan teh!"

Hikmat

Pegat
Izal: "Pegat... pegat...!"
Noer bari lumpat: "Aya naon? Aya bangsat? Lumpat ka mana bangsatna?"
Izal: "Sanes bangsat, ieu bohlam pegat!"
Noer: "Ari maneh, ngareureuwas wae kolot keur sare teh, bohlam pegat wae kudu gogorowokan sagala?"
Izal: "Sieun... atuda poek!"

Hikmat

Pangalaman Menarik
Incu: "Naon tah Ki, pangalaman menarik aki keur ngora baheula?"
Aki: "Nu puguh mah harita teh aya mobil tiguling ka jurang  tuluy ku aki rame-rame jeung babaturan ditarik nepika mobil bisa ka angkat deui ka tonggoh. Eta we meureun pangalaman menarik aki mah jang!"

Ence Sumirat
Perum Kota Baru
Blok C3 - 32 Kec. Cisaku
Cianjur 43285

Pajabat Teras
"Basa aya pajabat teras ti Legok Nyentil ngalongok ka Mang Doing, salah saurang tokoh oposisi ti Barisan Leklok alias Balok tangtuna oge Mang Doing ngaku pisan ka semah bari pokna teh, mangga lebet ka bumi". Ngadenge kitu pajabat teras teh kompak ngajawab, mangga. Teu kedah ka lebet pajabat teras mah ceukap we calikna oge dina teras!"

Ence Sumirat
Perum Kota Baru
Blok C3 - 32 Kec. Cisaku
Cianjur 43285

Balik Deui
Obed: "Jelema jaman ayeuna, hususna dikalangan para artis awewe, tetela geuning loba anu baralik deui ka jaman maranehna keur orok!"
Unen: "Na kumaha kitu?"
Obed: "Heueuh, bareto mangsa maranehna keur orok henteu areraeun bubulucunan atawa ditaranjang ukur mamake cawet jeung kaos sangsang. Ayeuna sanggeus maranehna dewasa, bubulucunan deui wae nembong-nembongkeun..."
Unen: "His ari taun teh! Pan ilaing ge resep ka nu kitu teh, lin?"

Agus B. Irawan
Kp. Cisarua RT 02/16 Desa Neglasari
Cisompet - Garut 44174

Gajih Buta
Kabayan: "Pantesna Si Kardun tereh pisan beungharna, da cenah sok ngahakanan gajih buta!"
Iteung: "Iyyy...! Lain, dikumaha ngalana nya, pan buta teh bangsa jurig alias dedemit, lin?"

Agus B. Irawan
Kp. Cisarua RT 02/16 Desa Neglasari
Cisompet - Garut 44174

Rumah Makan "Wilujeng Sumping"
Sanggeus datang deui di Papua, sobat kuring urang Papua asli nyaritakeun pangalamannana ka kuring sakulawarga salila utrak-atrek di Bandung.
Sobat: "Bapa, salami kuring tingali di Bandung meh unggal poe dahar di rumah makan wilujeng sumping. Geuning urang bareto kungsi dahar di dinya!"
Kuring (bari seuri): "Yeuh Pa, itu mah rumah makan Sindang Reret... lain wilujeng sumping."
Sobat: "Ari eta unggal urang asup ka dinya, geuning aya tulisan wilujeng sumping; naon hartina?"
Kuring: "Pa, ari wilujeng sumping teh hartina selamat datang keur ngawilujengkeun atawa ngabageakeun ka nu ngadon daratang ka dinya."
Sobat: (bari mabuk sirahna) "Oh... ada harus... sa pikir juga... ko banyak sekali rumah makan wilujeng sumping?" (Oh... paingan... ceuk pikir teh, geuning rumah makan wilujeng sumping teh mani di unggal tempat aya...!)

Endang M. Suhandanie - Jayapura

Abong Budak
Ibu 1: "Budak kuring mah teu beukieun dahar jeung bihun."
Ibu 2: "Naha?"
Ibu 1: "Eta majarkeun teh buuk ninina diasakan."
Ibu 2: "Abong budak nya..."

Lala Latifah - Tasikmalaya

Sakola Pertanian
Pa Dudung: "Abong sakola pertanian nya, nanaon teh pasti wae hubunganana teh jeung tatanen."
Pa Dani: "Nya naon kitu?"
Pa Dudung: "Itu budak nu keur sakola di jurusan pertanian meunang beasiswa ti kampusna..."
Pa Dani: "Alus atuh meunang beasiswa mah, batur mah pahayang-hayang."
Pa Dudung: "Nyaeta oge katarimana mah, ngan ari sangkaan teh bakal duit atawa bebas biaya kuliah."
Pa Dani: "Ari kitu naon?"
Pa Dudung: "Budak kuring mah meunang Beas wae dua karung."
Pa Dani: "Nya meureun da milihna jurusan pertanian, coba mun jurusan nu lain mah."

Lala Latifah - Tasikmalaya
Ngan Tilu Siki
RW: "Ari nu peuting ngaronda saha?"
Hansip Adun: "Abdi we sareng pun Omen hansipna mah, ditambihan weh ieu ku pun Odoy sareng Aday. Ari kitu aya naon Pa RW?"
RW: "Puguh nini Cinot leungit endog hayam."
Hansip Adun: "Euleuh-euleuh... karunya teuing. Sabaraha siki nu icalna?"
RW: "Sapuluh siki cenah mah."
Odoy: "Gede wadul tah nini-nini teh Pa RW. Sidik ngan aya tilu siki nya  Day?"
RW jeung Hansip: "Hah..."

Fendy Sy. Citrawarga - Bandung

Istri Pa Dodo
Nyi Wiwi: "Dupi ieu leres bumina Pa Dodo, direktur PT Heboh?"
Bu Dodo: "Leres!"
Nyi Wiwi: "Dupi ibu sahana?"
Bu Dodo: "Ibu teh istrina Pa Dodo. Ari nyai saha?"
Nyi Wiwi: "Sami abdi ge istri Pa Dodo."
Bu Dodo: "Hah?"
Nyi Wiwi: "Ulah waka bendu Bu. Sami abdi ge istrina Pa Dodo. Bentenna teh Pa Dodo caroge ibu mah direktur, pun lanceuk mah tukang cukur."

Fendy Sy. Citrawarga - Bandung

BLT 1
Ema: "Uluh-uluh ituh dina tipi!"
Abah: "Naon Ma, mani hariweusweus?"
Ema: "Itu aya nu keur dibagi BLT, katincak tuluy maot!"
Abah: "Matak singgetan BLT teh diganti ayeuna mah!"
Ema: "Jadi naon kitu?"
Abah: "Pan asalna mah Bantuan Langsung Tunai, ari ayeuna mah jadi Bantuan Langsung Tewas!"
Ema: "Si Abah sok gagabah ari nyarita teh! Bongkena teu kabagean, sok sentimen!"

Komalawati
Jl. Pasarlama Kp. Sumurbandung RT 02/09
Cililin - Kab. Bandang Barat

BLT 2
Di pasar Cililin, omset sapoena para padagang ngadak-ngadak ngajaul ka luhur, alatan geus dibagi BLT. Nurutkeun panalungtikan, omset nu baramaen tepi ka duaratus rewu sapoena, bari beresih teu dipotong nanaon. Hebat teu?

Komalawati
Jl. Pasarlama Kp. Sumurbandung RT 02/09
Cililin - Kab. Bandang Barat

Laksana
Nyi Iteung (keur kakandungan): "Akang, ieu geura budak dina jero beuteung mani motah pisan! ti tatadi usikna mani tarik-tarik wae."
Kabayan: "Heueuh, sukur we atuh, Nyi! berarti laksana kahayang Nyai teh."
Nyi Iteung: "Nya kumaha kitu?"
Kabayan: "Enya, apan ti bareto keneh Nyai boga cita-cita lamun boga budak hayang jadi artis penyanyi dangdut anu lincah, kawas Dewi Persik tea, lin?"

Agus B Irawan
Kp. Cisarua RT 02/16
Ds. Neglasar - Kec.Cisompet
Kab Garut 44174

Hubungan Gelap
Aban: "Ceuk beja cenah barudak anu lahir di lemburna Si Toing mah kabeh oge hasil hubungan gelap! Asa piraku nya?"
Ubun: "Nya heueuh atuh, apan ka lemburna Si Toing mah nepi ka kiwari oge can asup PLN, nu matak ari peuting teh sok maroek! Komo sanggeus euweuh minyak tanah mah!"

Agus B Irawan
Kp. Cisarua RT 02/16
Ds. Neglasar - Kec.Cisompet
Kab Garut 44174

Ngosom
Si Adut keur dahar, ditanya ku Si Toto: "Keur naon, Dut?"
Tembal Si Adut bari ngosom: "Kor dohor jong jongkol, monoh hoyong jongkol, To?"
Si Toto (kabawakeun): "Sodo to-ong jongkol moh, bo-o. mon dogong moh hoyong!"

Ena Rs.
Sidamulya, Rancah.

Usil
Jajaka: "Neng, eta lancingan kotor..."
Cawene: "Wios..."
Jajaka: "Neng, eta sendalna oge kotor..."
Cawene: "Wios..."
Jajaka: "Neng, eta bujal katingali..."
Cawene buru-buru nutup bujalna. Rumasaeun make baju nu matak katingali bujal. Eraeun ari disebutkeun mah. Komo mun disebutkeun bujalna dosol mah, tada teuing...

Ena Rs.
Sidamulya, Rancah.

Racun
"Mang, meser racun cacing..."
"Racun cacing? nu kumaha, nya? Aya ge racun tikus..."
"Eta, Mang, nu ngabasmi racun dina beuteung kuring..."
"Oh, obat cacing kituh..."

Ena Rs.
Sidamulya, Rancah.

Eureun
Kuring eureun gawe dina beus teh. Najan dibere beus weuteuh oge, embung. Bongan gawe na beus mah "geunah calik, teu geunah balik." Jiga nu heueuh, gawe ukur diuk. Ari balik humarurung. Awak asa pejet, ari buruh teu sabaraha. Dunungan we nu bucitreuk mah.

Ena Rs.
Sidamulya, Rancah.

Disuntik
Babaturan sakantor, Si Endin, gering, ka dokter, disuntik. Atuh di kantor pada ngaheureuyan.
"Eta teh gara-gara can ganti KTP," ceuk Teh Lilis.
"Ku naon kitu?" si Didin can ngartieun.
"Bongan masih keneh KTP nu baheula, masih belum kawin keneh, coba lamun geuwat ganti ku nu anyar, pasti moal disuntik. Bejakeun we... tos tiasa nyuntik ayeuna mah! Tingali KTP abdi, Sudah kawin!"

Andri Priyatna
Jl. Kartini No. 233
Majalengka 45411

Sinetron Jurig
Dina tipi mani mahabu pisan sinetron jurig, aneh kolot budak teh resepeun pisan nongtong nu karitu teh. Akibatna kumaha?
Peuting Jumaah, De Galih anak Mang Diding nu kakara opat  SD hayang ka cai, na atuh, barang muka panto WC aya "penampakan" tea.
"Kela...," De Galih kalahka colohok, kalahka nilikan eta "penampakan", "Ieu teh... Kunti, Wewe Gombel, Tuyul, Kolor Hejo, atawa naon nyah? Mamah... aya jurig!!!" tuluy lumpat ka jero deuih.

Andri Priyatna
Jl. Kartini No. 233
Majalengka 45411

Nu Bageur
Asa aya nu salah bae dina hirup teh, utamana masalah awewe, naha bet hese?
"Geus gawe lain ayeuna mah?" ceuk Si Nanang sobat kuring baheula.
"Enggeus," tembal teh, "Ngan nya kitu, hayang meunang awewe teh asa... hese pisan dewek mah."
"Naha bet hese? Pagawean geus aya, gajih lumayan, tingal geuwat neangan awewe nu bageur..." ceuk Si Nanang deuih.
Tah eta! Di dinya salahna kuring teh, da kuring mah hayang teh awewe nu bageur jeung geulis, terpelajar, sawios beunghar ge! Akibatna jadi hese!

Andri Priyatna
Jl. Kartini No. 233
Majalengka 45411

Alus Keneh Adina
"Kumaha Neng Dida teh, sigana nu ngebet pisan ka maneh mah," cekeng teh.
"Da teu bogoh dewek mah," tembah Si Iman.
"Da enya, alus keneh adina. Adina mah bodas, lucu, awakna ngeusi teu gendut teuing care Neng Dida," cekeng teh deuih. "SMA keneh deuih, kakara kelas dua."
"Sok atuh, kenalkeun ka dewek!" tembal Si Iman haripeut.
"Tapi... da lalaki adina Neng Dida mah, kajeun?"
"Nya ari euweuh- euweuh teuing mah, sigana... lumayan oge," tembal Si Iman bati ngaheruk.

Andri Priyatna
Jl. Kartini No. 233
Majalengka 45411





Indit ka kota Sukabumi teh pedah geus buleud tekad. Visi mah rek neangan duit jang ka tanah suci, misina ngembangkeun kompetensi di bidang cukur mencukur. (Muhun, kuring teh tukang cukur).

Papatah Umi basa kuring pamitan: "Bral geura miang ulah loba kasieun, hirup mah teu cukup ku dipikiran tapi kudu dilakonan, asal bener, jujur jeung bageur."

Ceuk guru ngaji deuih majarkeun teh, "Kembangkeun tilu hal, hiji komunikasi, kudu hade tata, hade basa jeung hade rasa, kadua kudu keyeng usaha ulah kumeok memeh dipacok, katiluna kudu daek diajar jeung ngarobah dirina kana bener.

Atuh ceuk Cep Dadang (idola kuring) bandar rumput laut ti Ujung Genteng, cenah sakola na oge geus es-dua, mapatahan teh kieu, "Cirina jelema sukses teh aya tilu, hiji jelema sukses kudu jadi pemenang dina kompetisi ngelehkeun iri, dengki, kaniaya, ngabohong, ngawadul, gedebul, nipu, gibah, fitnah jeung sajabana nu dilarang ku agama. Kadua, jelema sukses teh jelema nu bisa seving atawa nabung tina panghasilan, mun bisa mah pajarkeun teh dalapan puluh persen tabungkeun, nu dua puluh persen pek pake hirup sapopoe. Jadi kade mun engke boga panghasilan ulah dibeakeun kabeh, tapi kudu disimpen sawareh. Katilu jelema sukses teh kudu karasa mangfaatna ka dulur jeung tatangga."

Sakabeh papatah, ti kolot, ti guru, jeung ti Cep Dadang kabeh diturut. Sanajan kuring ngan saukur tukang cukur, sakola ge ngan tamat SD, tapi ceuk Cep Dadang memori otak kuring teh cenah lega pisan, leuwih ti opat puluh giga. Jadi mun di instal soft ware 20 giga wae mah moal ngahengkeung eror majarkeun teh, teuing kuring ge teu ngarti omongan Cep Dadang masalah memori, giga, heng jeung eror mah.

Teu karasa di Sukabumi teh geus tilu puluh taun, simpenan di bank ge teu karasa geus aya saratus juta, sukses tea meureun kuring teh, nuhun Ya Alloh, nuhun Umi, nuhun guru, nuhun Cep Dadang kuring  ngagerentes dina hate. Dua puluh juta disumbangkeun ka guru ngaji jang ngalegaan musola ngarah barudak nu ngaraji tumaninah, dua puluh juta dibikeun ka Umi pedah aya nu rek ngajual sawah, nyah pedah sagampar jeung sawah Umi. Lima juta  dibikeun RW, karunya rek nyieun MCK jang warga.

Ah teu bebeja kasasaha indit we sorangan ngadon daftar haji, alhamdulillah meunang tempat. Manasik ge teu milu da teu asup KBIH (haji mandiri ari cek batur mah). Barina ge da duit teh mahi, cukup diajar ku ustad di masjid agung tatanya tetelepek kumaha ari naek haji, bari ustadna mah teu nyahoeun kuring rek naek haji. Barina ge moal percayaeun anggota DPR-TCKL bisa mayar haji sorangan (hehehe dibawah pohon rindang en tukang cuku keliling DPR-TCKL teh)

Basa berangkat ka asrama haji teh euweuh nu nyahoeun saurang-urang acan. Bebeja ka tatangga mah rek nyaba neangan gawe jadi tukang cukur di  Jakarta. Matak nu dibawa ge ngan rangsel eusi parabot nyukur jeung pakean ihrom sasetel. Tapi dasar kudu kanyahoan, di asrama haji papanggih jeung DKM  masjid agung nu sok dicukuran ku kuring tiap bulan, jadi weh jamaah masjid agung daratang ka asrama haji. Ari sugan teh rek naraon ngabring neangan kuring, ari pek teh panasaran cenah rek ngabuktikeun naha enya Mang Dudun tukang cukur ka tanah suci?

Alhamdulillah misi berhasil jeung saeutik deui visi tilu puluh taun ka tukang bakal tereh ngawujud. Moal dicaritakeun kumaha naek kapal udara nu gedena leuwih ti beus jeung urusan ngantri mah, era, maklum urang kampung bau lisung.

Kacaritakeun geus beres weh jumroh. Babaturan saregu aya nu hayangeun dipangguntingkeun buuk "tahalul" majarkeun teh. nya dicukuran we ku kuring teh, potongan dundul sasenti, tegep jadi tambah kasep, kaciri hajina ari gundul mah.

Dasar milik. Beja pabeja-beja. Brul teh mani ngantri nu hayang dicukur ku kuring. Teu wudu ripuh, da unggal poe ngan nyukur jeung nyukur. Malah lain jamaah ti Indonesia wae, jamaah nagri batur oge ngaradon ngantri dicukur ka kuring. Mayarna saridona kana kardus  urut. Allhamdulillah real meunang sakardus.

Teu karasa nyukuran geus opat welas poe, istirahat teh ukur solat atawa waktuna dahar. Ku kapala regu ge tara diajak ka mamana, ditinggalkeun. Majarkeun teh sarua ibadah ari nyukuran di Mekah mah. Lumayan real teh aya opat welas kardus, macem-macem nu sarealan, nu lima realan, malah aya nu puluhan real ge. Dientep dibereskeun meunang sarangsel... nikmat.



"Anduk, anduk, araranduuuk......!" Kadenge aya nu dagang gogorowokan mani cowong. Inget pamajikan butuheun anduk da ningan awewe mah sok gojeh masing alus keneh oge sok hayang geura ganti, kuring  kaluar ti imah ngageroan tukang anduk. Belaan jejengkean najan sendal kulit empuk weuteuh keneh ngabagug parkir dina taneuh. Lebar rek make teh bisi ruksak heug bayareun keneh. Sina ngabagug di buruan  soteh seja mapanas nu ngalaliwat  ngarah disangki jalmi gaduh. 
"Anduk-anduk!" cekeng. Nu dagang  haget nyampeurkeun.
"Sabarahaan anduk Mang?"
"Mirah Pa, mung tilu puluh lima!"
"Tilupuluh lima naon?"
"Muhun tilupuluh lima rebu rupia. Teu werat bade ngical tilupuluh lima juta teh, hawatos heug nagara nuju krisis!" ceuk nu dagang. Ngabojeg ti dituna mah.

Torojol nu boga hadas kaluar ti kamar.

"Tah nu dagang anduk!" cekeng ka pamajikan. Blus sorangan mah asup ka jero imah neruskeun hanca pagawean. Nu adu rega hoghag di teras.
"Sabarahaan Mang?" tanya indung budak  mitembeyan adu rega.
"Mirah Bu Haji mung opat puluh rebu," ceuk nu dagang. Beu, si kehed.

Cikeneh teh nongtoreng nawarkeun 35 rebu, ayeuna geus jadi  opat puluh rebu.

Anehna, indung budak mah bangun tiis. Ninggang ka sorangan mah  kudu geus ngabuleudkeun peureup.

Kedewek indung budak ngarontok anduk nu kelirna warna-warni. Aya nu hejo, beureum, gading, koneng, kumaonam bandera partey.

"Sarae Bu Haji, sarae," ceuk nu dagang ngabuih. Geus pok deui nyebut Bu Haji.
"Jieunan mana Mang?" tanya teh mairan bari jongjon baranggawe.
"Gondewah Pa!" 
"Sapuluh rebu we nya?" ceuk indung budak. Hag siah, lebok tah!

Nawarkeun opat puluh rebu, ditawar sapuluh rebu. Paingan  indung si kucrit katenjo tiis da meureun geus boga rudal pameupeuhna.

"Hatur nuhun Bu," ceuk nu dagang, ukur nyebut bu teu make haji. Teuing ku naon. Direret ku juru panon katenjo  jamedud. Indung budak jongjon pipilih deui. Dialak-ilik, dibeber-beber, malah  aya nu dikebut-kebut sagala.
"Nya Mang sapuluh rebu, da kasep!" pokna bari luway-liwey gumeulis.

Puguh we jero dada ngaheab.

"Ari Bu Haji, piraku Emang teu gaduh bati?" Kasebelanana teh kareret imut. Hulu angen karasa aya nu nonjok. Temahna nyiak kana embun-embunan.
"Lah si Emang mah!" pamajikan  humandeuar.
"Tos we tilu puluh lima rebu bubuhan ka Bu Haji we ieu mah.

Ngaraketkeun duduluran. Ka ibu-ibu sanes mah teu dipasihkeun, sing sumpah!" 

Geus pok deui nyebut Bu Haji. Kuring  nyaan hayang seuri ngadenge tukang anduk nyebutkeun teu dibikeun ka ibu-ibu nu sanes. Nya teu dibikeun  da teu dibeuli.

Saha nu daek meuli anduk ditekuk.

"Sakitu wae!" ceuk pamajikan bari ngecagkeun anduk tangka satambruan.
"Sakitu sakumaha?"
"Enya sapuluh rebu!"
"Ituh geura. Mana kanggo Emangna sakitu mah teu jinis-jinisna acan.

Mangkaning Emang teh teu acan neda, teu acan nyesep, nyirop, teu acan deuih kanggo ngarosikoan anak mitoha. Mangkaning upami rosiko dapur murugul teh baeudna miyuni baud, pageuh. Sing hawatos we....Bu Haji" pokna lumengis. Ti dituna mah meureun menta dipiwelas.

"Enya sakitu!"
"Eta Bu Haji, enya sakitu, enya sakitu deui wae. Sakitu teh sakumaha?

Saratus rebu? Candak lah bubuhan ka Bu Haji we."

"Enya saratus rebu sapuluh sikieun!"
"Bade sabaraha hiji nganggona?"
"Hiji we, loba-loba teuing!"
"Manawi teh bade ngaborong wantun sakitu teh. Kieu we atuh nya bilih kabujeng hujan.  Tilu puluh we. Mangga bade nu mana? Nu hejo, nu beureum, nu koneng? Ketang da Bu Haji mah demplon, nganggo kelir naon wae ge teu burung payus!" Jeletit  hate kaciwit deui.
"Gampang milih kelir acak corak mah mah Mang. Kudu puguh heula haregana. Sakitu mah sok!"ceuk indung budak  deui bari  ngolesed ninggalkeun nu dagang anduk.
"Tos we dua lima!" ceuk nu dagang bari ngajewang leungeun indung budak. Meh we keuna. Kuring ge replek rek nyokot asbak tadina mah. Nyaan mun wani-wani nyabak, rek dipalempeng asbak.
"Sakitu!"
"Saur Emang ge jinisna teh dua puluh. Buruh ngider lima rebu. Meujeuh we tinimbang angkat ka Pasar Baru mah.  Teu acan ongkos,  jajan, dan ituh inih!" Angger ngolo.
"Enya sakitu!" ceuk pamajikan, geblus ka  kamar.
"Tos we lah panungtungan ayeuna mah. Dua puluh rebu!"
"Sakitu!" tembal pamajikan pageuh. Si tukang anduk ngahuleng. Antukna nu tadi kuring  ngarasa timburuan teh jadi watir. Sup  ka kamar.
"Nu kelir kumaha anduk teh? Beuli we dua puluh rebu ge karunya," cekeng teh.
"Enya sakitu!" ceuk pamajikan, teu beunang diongget-ongget.

Kuring kaluar ti kamar. Tukang anduk ngajanteng keneh.

"Candak!" cenah, teugeug. Torojol pamajikan kaluar. Laju milih anduk.

Nyokot hiji kelir beureum. Creng dibayar. Ih geuning mere duit dua lambar. Nu hiji sapuluh rebu nu hiji deui lima rebu.

"Ning ieu mah lima welas rebu Bu Haji? Pan tadi mah Bu Haji nawis sakitu, muhun sapuluh rebu. Teu kenging ngabohong ah bilih doraka," ceuk tukang anduk bari mulangkeun deui duit lima rebu perak. Gejlig indit. Mani rurusuhan, teu nuhun-nuhun acan.
"Teu sangka nya manehna, dina jaman orowodol kieu, aya keneh nu soleh!" pok teh. Pamajikan tiba ngaheueuhan. Geblus manehna asup ka kamar. 

Kuniang kuring hudang, maksud mah rek nyait kolor tina popoean. Barang rek make sendal,  enya  nu diparkir di buruan,  geus lebeng.

"Manehna, manehna, ka mana sendal?"
"Sendal nu mana?" Indung budak norojol bari nyolendang anduk.
"Sendal kami pan tadi teh di dieu."
"Sendal nu kenging ngiridit?"
"Enya, tadi teh basa nyalukan tukang anduk aya keneh!"
"Nya duka atuh. Boa ku tukang...aaan.."
"Geus moal salah. Si kehed...," piceurikeun nyelek na tikoro.

Pudingding napsu. Sebrut nyusul tepus. Teu manggihan tapak-tapakna.



Tidak ada komentar:

Posting Komentar