Sabtu, 10 Desember 2011

sjk

basa angin meulit lamunan 
kasangtukang nu teu dipisuka 

ibarat panyiksa teu suda muka tatu anyar 
ngungkab bebeneran liwat bebeneran 

kawasna ieu hate 
beuki leutik alahbatan zarah 
ceuk ieu lalaki nu nampik munikeun mikir 

ti jauhna rentang-rentang bandera ngelebet 
bodas mapakan umpalan mega 

luhureun ombak dikerabkeun gurat aran 
dina wangun kalimah wening 

teu singna lambaran simpe 
dalah ieu lalaki kalah juuh cimata 
peurih alahbatan dikeset hinis 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar