Rabu, 07 Desember 2011

obodoran6

Pikeun Bah Amid urang lembur Cibogo jeung Bah Ohan urang lembur Cihurang, anu umurna beunang disebutkeun pakokolot supa mah dunya teh jiga nu bener-bener heureut. Geus we, imah Bah Amid di tungtung kulon lembur Cibogo, ari Bah Ohan di tungtung wetan lembur Cihurang. Eta dua lembur teh natangga pisan. Jadi, najan misah lembur oge imah nu duaan teh padeukeut pisan, tatangga nu pangdeukeutna. Ti bubudak Bah Amid jeung Bah Ohan sosobatan, dalit naker lir gula jeung peueutna. Jeung dulur onaman duanana oge teu kitu-kitu teuing. Ieu mah estuning geus jiga jeung dulur pet ku hinis, malah leuwih ti kitu. Ti mimiti bray beurang nepi ka reup peuting teh ka ditu ka dieu teu weleh babarengan. Misah-misah kapeutingnakeun, mun rek sarare. Kitu oge sakapeung mah sararena teh sok babarengan, bagilir silih endongan, aya sapeuting sewang, aya dua peuting sewang, mun waktu dahar, sanggeus ngalas teh beretek lumpat bari mawa alasna, nyampeurkeun sobat dalitna, ngajak dahar babarengan. Waktu sakola, mun nu saurang teu sakola, sobat dalitna oge sarua teu sakola. Nincak umur baleg, duanana beger, henteu we boga kabogoh hiji ku duaan. Bah Amid bobogohanna teh jeung baraya Bah Ohan, ari Bah Ohan meunang baraya Bah Amid. Kitu teh atuh sosobatanana beuki raket wae. Basa rek kawin oge kaharayangna mah babarengan, tapi teu kalaksanakeun da kolot awewena bebene Bah Amid henteu nyaluyuan. Antukna Bah Ohan kawin ti heula. Kurang leuwih sataun ti harita, basa Bah Ohan budakan anu kahiji, lalaki. Bah Amid kakara bisa nuturkeun Bah Ohan, ngambah hirup rumah tangga. Sataun ti harita Bah Amid jadi bapa, boga anak ka hiji, awewe. Boh Bah Ohan boh Bah Amid, duanana sarua mikanyaahna boh ka anakna boh ka anak sobatna. Ayeuna mah ka ditu ka dieu mun babarengan teh sarua bari ngarasuh anakna. Sakapeung sok bagilir mangasuhkeun. Anak Bah Ohan diasuh ku Bah Amid, atawa sabalikna, anak Bah Amid diasuh ku Bah Ohan.
 
Basa barudakna geus kawilang darewasa, Bah Amid jeung Bah Ohan baradami ngajak bebesanan, anak lalaki Bah Ohan sina kawin ka anak awewe Bah Amid. Ku kabeneran barudakna satujueun. Atuh prung weh anak lalaki Bah Ohan dikawinkeun ka anak awewe Bah Amid. Hajat kawinanana kawilang rongkah, make jeung tatanggapan sagala rupa.
 
Bah Ohan jeung Bah Amid sarua boga anakna teh opat sewang. Anak kahiji Bah Ohan, lalaki nu meunangkeun awewe Bah Amid tea. Anak nu kadua katilu jeung ka opat tiluanana awewe. Ari anak Bah Amid nu opat teh kasebut selang-sekar Kahiji awewe, kadua lalaki, katilu awewe deui, kaopat lalaki. Sanggeus anak kadua Bah Amid anu lalaki jeung anak awewe katilu Bah Ohan darewasa, Bah Ohan jeung Bah Amid baradami deui, hayang ngawinkeun anak-anakna. Caritana sapuk, prung weh, anak kadua Bah Amid anu lalaki teh dikawinkeun ka anak katilu Bah Ohan. Nya kitu kawas nu heureut dunya tea. Minangka rada ngalegaan dunyana teh anak kadua jeung ka opat Bah Ohan mareunangkeun jodona teh ka nu sejen.kitu oge masih keneh kawilang mareunangkeun baraya-barayana. Ka dituna mah ngaheureutan deui we dunyana teh. Geura, anak kadua Bah Ohan boga anak lalaki. Enya, Bah Ohan mah incu tangtuna oge ka dinya teh. Tah, si incu lalaki Bah Ohan teh meunangkeun anak awewe Bah Amid nu katilu.
 
Saterusna, anak awewe Bah Ohan nu kaopat, boga anak awewe. Enya, incu tangtuna oge Bah Ohan mah kadinya teh. Incu Bah Ohan nu awewe tea, boga anak awewe, nya tangtuna oge Bah Ohan mah ka dinya teh buyut. Rek percaya rek henteu, buyut Bah Ohan nu awewe tea, kawinna teh ka anak lalaki Bah Amid anu kaopat tea. Jadi Bah Amid mah bebesananana teh… jeung Bah Ohanna, jeung anakna Bah Ohan, sarta jeung incuna Bah Ohan. Jadi, Bah Amid mah minantuna teh… anak Bah Ohan, incu Bah Ohan jeung buyut Bah Ohan. Duka tah kumaha satuluyna engke ka dituna. Nu puguh mah “ulukutek” di Bah Ohan jeung di Bah Amid teh geus aya kembang-kembangna ti ayeuna oge.


"Anduk, anduk, araranduuuk......!" Kadenge aya nu dagang gogorowokan mani cowong. Inget pamajikan butuheun anduk da ningan awewe mah sok gojeh masing alus keneh oge sok hayang geura ganti, kuring  kaluar ti imah ngageroan tukang anduk. Belaan jejengkean najan sendal kulit empuk weuteuh keneh ngabagug parkir dina taneuh. Lebar rek make teh bisi ruksak heug bayareun keneh. Sina ngabagug di buruan  soteh seja mapanas nu ngalaliwat  ngarah disangki jalmi gaduh. 
"Anduk-anduk!" cekeng. Nu dagang  haget nyampeurkeun.
"Sabarahaan anduk Mang?"
"Mirah Pa, mung tilu puluh lima!"
"Tilupuluh lima naon?"
"Muhun tilupuluh lima rebu rupia. Teu werat bade ngical tilupuluh lima juta teh, hawatos heug nagara nuju krisis!" ceuk nu dagang. Ngabojeg ti dituna mah.

Torojol nu boga hadas kaluar ti kamar.

"Tah nu dagang anduk!" cekeng ka pamajikan. Blus sorangan mah asup ka jero imah neruskeun hanca pagawean. Nu adu rega hoghag di teras.
"Sabarahaan Mang?" tanya indung budak  mitembeyan adu rega.
"Mirah Bu Haji mung opat puluh rebu," ceuk nu dagang. Beu, si kehed.

Cikeneh teh nongtoreng nawarkeun 35 rebu, ayeuna geus jadi  opat puluh rebu.

Anehna, indung budak mah bangun tiis. Ninggang ka sorangan mah  kudu geus ngabuleudkeun peureup.

Kedewek indung budak ngarontok anduk nu kelirna warna-warni. Aya nu hejo, beureum, gading, koneng, kumaonam bandera partey.

"Sarae Bu Haji, sarae," ceuk nu dagang ngabuih. Geus pok deui nyebut Bu Haji.
"Jieunan mana Mang?" tanya teh mairan bari jongjon baranggawe.
"Gondewah Pa!" 
"Sapuluh rebu we nya?" ceuk indung budak. Hag siah, lebok tah!

Nawarkeun opat puluh rebu, ditawar sapuluh rebu. Paingan  indung si kucrit katenjo tiis da meureun geus boga rudal pameupeuhna.

"Hatur nuhun Bu," ceuk nu dagang, ukur nyebut bu teu make haji. Teuing ku naon. Direret ku juru panon katenjo  jamedud. Indung budak jongjon pipilih deui. Dialak-ilik, dibeber-beber, malah  aya nu dikebut-kebut sagala.
"Nya Mang sapuluh rebu, da kasep!" pokna bari luway-liwey gumeulis.

Puguh we jero dada ngaheab.

"Ari Bu Haji, piraku Emang teu gaduh bati?" Kasebelanana teh kareret imut. Hulu angen karasa aya nu nonjok. Temahna nyiak kana embun-embunan.
"Lah si Emang mah!" pamajikan  humandeuar.
"Tos we tilu puluh lima rebu bubuhan ka Bu Haji we ieu mah.

Ngaraketkeun duduluran. Ka ibu-ibu sanes mah teu dipasihkeun, sing sumpah!" 

Geus pok deui nyebut Bu Haji. Kuring  nyaan hayang seuri ngadenge tukang anduk nyebutkeun teu dibikeun ka ibu-ibu nu sanes. Nya teu dibikeun  da teu dibeuli.

Saha nu daek meuli anduk ditekuk.

"Sakitu wae!" ceuk pamajikan bari ngecagkeun anduk tangka satambruan.
"Sakitu sakumaha?"
"Enya sapuluh rebu!"
"Ituh geura. Mana kanggo Emangna sakitu mah teu jinis-jinisna acan.

Mangkaning Emang teh teu acan neda, teu acan nyesep, nyirop, teu acan deuih kanggo ngarosikoan anak mitoha. Mangkaning upami rosiko dapur murugul teh baeudna miyuni baud, pageuh. Sing hawatos we....Bu Haji" pokna lumengis. Ti dituna mah meureun menta dipiwelas.

"Enya sakitu!"
"Eta Bu Haji, enya sakitu, enya sakitu deui wae. Sakitu teh sakumaha?

Saratus rebu? Candak lah bubuhan ka Bu Haji we."

"Enya saratus rebu sapuluh sikieun!"
"Bade sabaraha hiji nganggona?"
"Hiji we, loba-loba teuing!"
"Manawi teh bade ngaborong wantun sakitu teh. Kieu we atuh nya bilih kabujeng hujan.  Tilu puluh we. Mangga bade nu mana? Nu hejo, nu beureum, nu koneng? Ketang da Bu Haji mah demplon, nganggo kelir naon wae ge teu burung payus!" Jeletit  hate kaciwit deui.
"Gampang milih kelir acak corak mah mah Mang. Kudu puguh heula haregana. Sakitu mah sok!"ceuk indung budak  deui bari  ngolesed ninggalkeun nu dagang anduk.
"Tos we dua lima!" ceuk nu dagang bari ngajewang leungeun indung budak. Meh we keuna. Kuring ge replek rek nyokot asbak tadina mah. Nyaan mun wani-wani nyabak, rek dipalempeng asbak.
"Sakitu!"
"Saur Emang ge jinisna teh dua puluh. Buruh ngider lima rebu. Meujeuh we tinimbang angkat ka Pasar Baru mah.  Teu acan ongkos,  jajan, dan ituh inih!" Angger ngolo.
"Enya sakitu!" ceuk pamajikan, geblus ka  kamar.
"Tos we lah panungtungan ayeuna mah. Dua puluh rebu!"
"Sakitu!" tembal pamajikan pageuh. Si tukang anduk ngahuleng. Antukna nu tadi kuring  ngarasa timburuan teh jadi watir. Sup  ka kamar.
"Nu kelir kumaha anduk teh? Beuli we dua puluh rebu ge karunya," cekeng teh.
"Enya sakitu!" ceuk pamajikan, teu beunang diongget-ongget.

Kuring kaluar ti kamar. Tukang anduk ngajanteng keneh.

"Candak!" cenah, teugeug. Torojol pamajikan kaluar. Laju milih anduk.

Nyokot hiji kelir beureum. Creng dibayar. Ih geuning mere duit dua lambar. Nu hiji sapuluh rebu nu hiji deui lima rebu.

"Ning ieu mah lima welas rebu Bu Haji? Pan tadi mah Bu Haji nawis sakitu, muhun sapuluh rebu. Teu kenging ngabohong ah bilih doraka," ceuk tukang anduk bari mulangkeun deui duit lima rebu perak. Gejlig indit. Mani rurusuhan, teu nuhun-nuhun acan.
"Teu sangka nya manehna, dina jaman orowodol kieu, aya keneh nu soleh!" pok teh. Pamajikan tiba ngaheueuhan. Geblus manehna asup ka kamar. 

Kuniang kuring hudang, maksud mah rek nyait kolor tina popoean. Barang rek make sendal,  enya  nu diparkir di buruan,  geus lebeng.

"Manehna, manehna, ka mana sendal?"
"Sendal nu mana?" Indung budak norojol bari nyolendang anduk.
"Sendal kami pan tadi teh di dieu."
"Sendal nu kenging ngiridit?"
"Enya, tadi teh basa nyalukan tukang anduk aya keneh!"
"Nya duka atuh. Boa ku tukang...aaan.."
"Geus moal salah. Si kehed...," piceurikeun nyelek na tikoro.

Pudingding napsu. Sebrut nyusul tepus. Teu manggihan tapak-tapakna.



Mun ngobrolkeun masalah hantu alias jurig, sok jadi inget kana dongeng pangalaman lanceuk kuring, nyaeta Teh Enok, anu kajadianana kira-kira dina taun 93-an, mangsa Teh Enok keur mojang atawa keur gadis keneh, kira-kira keur umur 18 taunan cenah.
Ceuk Teh Enok cenah, dina mangsa harita, pikeun mojang atawa gadis saumur Teh Enok , husuna di lembur, ngarupakeun hiji hal anu kawilang matak erana lamun can bisa ngaji atawa can lancar maca Qur'an atawa oge can namatkeun Al-Quran 30 juz. Ari sabab, lantaran engke pareng dina waktuna kawin, dina acara walimahan sok diayakeun acara khatam Al-Quran husu pikeun panganten awewe. Ku lantaran kitu, mojang-mojang anu alumurna geus nincak  17 taunan ka luhur, dina  mangsa harita kacida pisan garetolna jeung saruhudna dina dialajar ngajina, da sieun kawiwirangan dina waktuna kawin tea. Kaasup Teh Enok sorangan cenah, getol pisan diajar ngajina, ampir tara aya peuting nu kaliwat ari lain keur hahalang mah.
Ari ngajina sok diayakeun di masjid jami anu pernahna aya ditengah lembur. Waktu ngajina sok ti peuting, nyaeta ti bada magrib nepi ka liwat  isya atawa kira-kira jam 8 peuting.
Ti imah kuring atawa ti imah Teh Enok ka masjid jami teh anggangna ampir sakilo meterna, atawa kurang leuwih 800 meteran mah aya meureun. Jalana mapay pasawahan jeung marupa galengan sawah. Ngaliwatan oge sababaraha imah. Ma'lum kaayaan di pakampungan bari jeung daerah pasawahan, kaayaan imah teh ancal-ancalan. Antara imah nu hiji jeung nu hijina deui patarenggang, tatangga jeung tatangga paaranggang. Ari jalan mah boh anu ngahubungkeun ti imah ka imah sejenna, lumayan gede sanajan ukur mangrupa galengan sawah oge, ngahaja ku nu borangan digaledean kalayan kasadaran sorangan.
Mangsa harita, lamun ti peuting kaayaan lembur teh paroek, sabab mangsa harita mah ka lembur teh can asup listrik. Di imah-imah ukur marake lampu cempor atawa ku lantera. Anu ngaraji di masjid oge ukur dicaangan ku patromak, di imah lamun bubaran ngaji teh sok tuluy dipareuman.
Kacaritakeun Teh Enok, lamun beres ngaji di masjid teh tara tuluy balik ka imah. Tapi sok ngadon nyimpang heula ka imah guru ngajina anu maksudna rek ngadon tatanya masalah-masalah anu kurang paham. Lumayan we cenah jang nambah-nambah pangaweruh, hususna dina widang agama. Atuh ari balikna ka imah teh sok rada peuting, kira-kira jam 9 atawa jam 10. Salian ti Teh Enok aya opatan deui cenah babaturanana anu sok ngahaja nyimpang ka guruna teh, lalaki duaan jeung awewe duaan.
Teh Enok, enya ge pangawakan awewe bari harita keur gadis keneh estuning ludeung, teu ieuh borangan. Mun balik ngaji teh sok sorangan bae, tara ieu aya nu nganteurkeun, rek poek rek leueur oge. Kawas dina peuting harita cenah, kira-kira jam 10 Teh Enok karek mulang. Teh Enok leumpang nyorangan.
Peuting harita teh sakuduna mah caang bulan sanajan can tanggal wewelasan oge. Ngan kulantaran langit angkeub, da keur mangsana usum hujan, cahaya bulan teh ukur reyem-reyem, najan teu kasebut poek oge. Ari hawa karasa tiris mani nyecep.
Ku lantaran teu mawa baju haneut, Teh Enok harita ngaharudungkeun mukena anu ti tatadi dikekelek. Tambah tiris teuing cenah.
Keur jongjon leumpang, ari pes teh lampu senterna ngadon pareum, tayohna bae bohlamna pegat. Teh Enok kapaksa nolog. Keur kitu teh hujan girimis turun deuih. Mangkaning poho teu mawa payung.
Teh Enok neangan pangiuhan. Untung aya saung di sawahna Ki Darta nu teu pati jauh ti jalan. Teh Enok muru ka dinya rek ngadon ngiuhan heula. Barang sup ka saung, Teh Enok ngaregog! Sabab ningali di jero saung teh aya dua mangkeluk awewe jeung lalaki keur dariuk bari patangkeup-tangkeup. Teh Enok tadina mah arek mundur deui, tapi kaburu katingalieun manten ku nu duaan. Barang ngareret ka Teh Enok, ana goak teh nu awewe ngagoak bari ngejat!
"Ju... jurig!" cenah. Gajleng, gajleng duanana laluncat! Beretek lalumpat sakalumpat-lampet, notog-notog maneh! Korosak! Korosak! Gobrass! Gobrasss! Duanana tingalabres kana kotakan anu keur meujeuhna pibuateun, geus teu nolih di nanaon deui! Ari Teh Enok, saukur colohok we nempo nu kalabur teh!
Isukna di lembur jadi ibur. Pajarkeun teh cenah sawahna Ki Darta anu keur pibuateun, peuting tadi digaley ku bagong kajajaden. Ari ti babaturanana mah Teh Enok meunang beja, yen cenah peuting tadi basa keur bobogohan di ganggu jurig. Teh Enok ukur nyenghel ngadenge beja kitu teh, da sidik manehna pisan anu jadi jurig bungkeuleukanana. Enya... jurig mukena meureun!
Tapi aya hikmahna oge tina kajadian eta. Paling henteu geus bisa nyegah babaturanana anu rek ngalakukeun "Laku lampah teu uni!"***


ndit ka kota Sukabumi teh pedah geus buleud tekad. Visi mah rek neangan duit jang ka tanah suci, misina ngembangkeun kompetensi di bidang cukur mencukur. (Muhun, kuring teh tukang cukur).

Papatah Umi basa kuring pamitan: "Bral geura miang ulah loba kasieun, hirup mah teu cukup ku dipikiran tapi kudu dilakonan, asal bener, jujur jeung bageur."

Ceuk guru ngaji deuih majarkeun teh, "Kembangkeun tilu hal, hiji komunikasi, kudu hade tata, hade basa jeung hade rasa, kadua kudu keyeng usaha ulah kumeok memeh dipacok, katiluna kudu daek diajar jeung ngarobah dirina kana bener.

Atuh ceuk Cep Dadang (idola kuring) bandar rumput laut ti Ujung Genteng, cenah sakola na oge geus es-dua, mapatahan teh kieu, "Cirina jelema sukses teh aya tilu, hiji jelema sukses kudu jadi pemenang dina kompetisi ngelehkeun iri, dengki, kaniaya, ngabohong, ngawadul, gedebul, nipu, gibah, fitnah jeung sajabana nu dilarang ku agama. Kadua, jelema sukses teh jelema nu bisa seving atawa nabung tina panghasilan, mun bisa mah pajarkeun teh dalapan puluh persen tabungkeun, nu dua puluh persen pek pake hirup sapopoe. Jadi kade mun engke boga panghasilan ulah dibeakeun kabeh, tapi kudu disimpen sawareh. Katilu jelema sukses teh kudu karasa mangfaatna ka dulur jeung tatangga."

Sakabeh papatah, ti kolot, ti guru, jeung ti Cep Dadang kabeh diturut. Sanajan kuring ngan saukur tukang cukur, sakola ge ngan tamat SD, tapi ceuk Cep Dadang memori otak kuring teh cenah lega pisan, leuwih ti opat puluh giga. Jadi mun di instal soft ware 20 giga wae mah moal ngahengkeung eror majarkeun teh, teuing kuring ge teu ngarti omongan Cep Dadang masalah memori, giga, heng jeung eror mah.

Teu karasa di Sukabumi teh geus tilu puluh taun, simpenan di bank ge teu karasa geus aya saratus juta, sukses tea meureun kuring teh, nuhun Ya Alloh, nuhun Umi, nuhun guru, nuhun Cep Dadang kuring  ngagerentes dina hate. Dua puluh juta disumbangkeun ka guru ngaji jang ngalegaan musola ngarah barudak nu ngaraji tumaninah, dua puluh juta dibikeun ka Umi pedah aya nu rek ngajual sawah, nyah pedah sagampar jeung sawah Umi. Lima juta  dibikeun RW, karunya rek nyieun MCK jang warga.

Ah teu bebeja kasasaha indit we sorangan ngadon daftar haji, alhamdulillah meunang tempat. Manasik ge teu milu da teu asup KBIH (haji mandiri ari cek batur mah). Barina ge da duit teh mahi, cukup diajar ku ustad di masjid agung tatanya tetelepek kumaha ari naek haji, bari ustadna mah teu nyahoeun kuring rek naek haji. Barina ge moal percayaeun anggota DPR-TCKL bisa mayar haji sorangan (hehehe dibawah pohon rindang en tukang cuku keliling DPR-TCKL teh)

Basa berangkat ka asrama haji teh euweuh nu nyahoeun saurang-urang acan. Bebeja ka tatangga mah rek nyaba neangan gawe jadi tukang cukur di  Jakarta. Matak nu dibawa ge ngan rangsel eusi parabot nyukur jeung pakean ihrom sasetel. Tapi dasar kudu kanyahoan, di asrama haji papanggih jeung DKM  masjid agung nu sok dicukuran ku kuring tiap bulan, jadi weh jamaah masjid agung daratang ka asrama haji. Ari sugan teh rek naraon ngabring neangan kuring, ari pek teh panasaran cenah rek ngabuktikeun naha enya Mang Dudun tukang cukur ka tanah suci?

Alhamdulillah misi berhasil jeung saeutik deui visi tilu puluh taun ka tukang bakal tereh ngawujud. Moal dicaritakeun kumaha naek kapal udara nu gedena leuwih ti beus jeung urusan ngantri mah, era, maklum urang kampung bau lisung.

Kacaritakeun geus beres weh jumroh. Babaturan saregu aya nu hayangeun dipangguntingkeun buuk "tahalul" majarkeun teh. nya dicukuran we ku kuring teh, potongan dundul sasenti, tegep jadi tambah kasep, kaciri hajina ari gundul mah.

Dasar milik. Beja pabeja-beja. Brul teh mani ngantri nu hayang dicukur ku kuring. Teu wudu ripuh, da unggal poe ngan nyukur jeung nyukur. Malah lain jamaah ti Indonesia wae, jamaah nagri batur oge ngaradon ngantri dicukur ka kuring. Mayarna saridona kana kardus  urut. Allhamdulillah real meunang sakardus.

Teu karasa nyukuran geus opat welas poe, istirahat teh ukur solat atawa waktuna dahar. Ku kapala regu ge tara diajak ka mamana, ditinggalkeun. Majarkeun teh sarua ibadah ari nyukuran di Mekah mah. Lumayan real teh aya opat welas kardus, macem-macem nu sarealan, nu lima realan, malah aya nu puluhan real ge. Dientep dibereskeun meunang sarangsel... nikmat.




Mulang gawe, kasampak Si Ade, budak kuring nu bungsu, keur ceurik lolongseran.

"Lain dirandeh atuh, Mah!" cek kuring.
"Dirandeh mah dirandeh. Ngan teu hade!" tembal pamajikan bari semu ambek.
"Hayang naon dih?" biasa pan ari budak mah lamun boga kahayang can katedunan teh sok ceurik.
"Hayang petong...."
"Petong, naon ari petong teh?" kuring jadi bingung.
"Puguh abdi ge teu apal naon ari petong. Sasat sagala ditawarkeun, tapi angger godeg. Petong we nyebut teh!" cek pamajikan sarua bingungna.

Ku kuring budak teh dipangku. Dirandeh. Budak kerek umur tilu taun, hese meureun ngajentrekeun kahayang teh. Kabisana ukur kitu. Teuing naon anu dimaksud petong ku manehna teh.

Dirandeh ku kuring ge teu hade. Susuganan, leos dibawa ka warung. Rek dijajanan. Di warung sagala ditawarkeun. Sagala dituduhkeun. Tapi weleh taya nu kapake. Diasongan ciki, godeg. Diasongan roti godeg. Diasongan mie, godeg. Diasongan sosis, godeg. Nyebutna teh hayang petong we petong. Teu bisaeun ngajelaskeun....

Balik deui ka imah kuring ge jadi rada keuheul ka budak. Ceurikna teu eureun-eureun bari terus ngaeh hayang petong. Henteu ari disentak mah da kuring mah tara suntak-sentak ari ka budak teh....

"Tadi ulin ka mana budak?" cek kuring ka pamajikan.
"Ukur ulin ka ninina," tembal pamajikan.

Leos dibawa ka ninina. Sugan tadi di ninina dibere nahaon. Tapi ceuk nini oge cenah ukur dibere cau, teu dibere nanaon. Ninina oge jadi bingungeun, naon ari petong. Ditadah-tuduh di imah ninina bisi aya kahayang nu aya di dinya, tapi tetela euweuh nu disebut petong teh!

Balik deui ka imah, budak masih keneh ceurik. Antukna mah diantep we da rumasa geus taak. Ieu lain petong, itu lain petong. Engke ge repeh ku karep geus capeeun ceurik mah.

Sabot kitu, torojol aya Mang Wihandi. Manehna teh tadi katempo keur ngala peuteuy landeuheun imah. Kaciri tina buruan imah ge, buah peuteuyna teh mani meuhpeuy.

"Sakalieun ngasaan, Jang!" cek Mang Wihandi bari mikeun peuteuy sapuluh papan.
"Nuhun, Mang," cek kuring.

Mang Wahidi ngaleos deui. Kuring nyampeurkeun budak bari ngajingjing peuteuy. Heureuy maksud mah, kuring ngasongkeun peuteuy ka budak, "Hoyong peuteuy teu?"

Na atuh budak teh unggeuk. Ceurikna jadi repeh. Horeng nu dimaksud petong ku manehna teh peuteuy. Meureun nempo Mang Wahidi keur ngala peuteuy, manehna hayangeun. Ari rek nuduhkeun meureun teu wani. Dasar budak...

Satuluyna mah budak teh ngalimed ngadahar peuteuy. Ari kuring jeung pamajikan saleuseurian. Heueuh, horeng petong teh peuteuy!







Tidak ada komentar:

Posting Komentar