Kamis, 01 Desember 2011

carita sunda

Karoohan
Basa Pa Among keur maca koran di téras hareup, kadéngé ti jero imah pamajikanana rawah-riwih. Antaré pisan ku Pa Among disampeurkeun.
“Aya naon ieu téh?” cék Pa Among bari ngalaan kacamata.
“Lain aya naon-aya naon, ieu budak ngalegleg duit saratus pérak. Kumaha nyokotna atuh, Bapa?”
“Aéh-aéh, na karoohan teuing, mani lebar ku duit saratus pérak. Yeuh ku aing digantian sapuluh rébu!” pokna bari ngodok saku.***(dans)

Nékad“Enya, nékad pisan supir kebon binatang mah. Caritana kudu mindahkeun sato gangas, di satengahing jalan kakara engeuh yén susuratan mobil tinggaleun…” “Terus kumaha?”
“Rék balik deui kagok. Rék diteruskeun kuriak dicegat pulisi, mangkaning keur usum operasi. Teu béakeun akal, maung nu dikandangan téh dipangku, sina diuk di hareup, gigireun supir…”
“Deuleu étah, enya nékadna téh.”
“Cék angkeuhanana, piraku pulisi wanieun nilang ari nénjo maung mah. Mikir dua kali meureun.”
“Salamet wé, nya?”
“Salamet maungna mah…”***(dans)

Teu Meunang Diangkat
GEUS aya mingguna Nyi Élis nguruhit hayang dipangmeulikeun hapé ku salakina. Ari Jang Emod, salakina, éstuning gedé timburu.
“Moal. Lain teu boga duit, awéwé séjén gé baroga hapé téh kalah ka dipaké liwar…”
“Ulah disakompét-daunkeun, atuh Akang. Teu kabéh awéwé siga kitu!”
“Heug, tapi aya saratna. Mun aya télépon ti lalaki teu meunang diangkat.”
“Har, ari abdi ti mana nyahona mun nu nélépon téh lalaki, ari teu diangkat mah?”
Jang Emod ngahuleng.
“Angkat wé heula. Mun sorana lalaki, ulah asa-asa, ku manéh carékan, montong ngaganggu pamajikan batur kituh. Mun perlu bari pangpéngkeun hapéna.”
“Teu kénging raos sorangan atuh. Mun kana hapé Akang aya télépon ti awéwé, omat kudu dicarékan.”
“Tara narima télépon ti awéwé Akang mah, tah pariksa hapéna, euweuh ngaran awéwé hiji-hiji acan!”
Dua poé ti harita, basa Jang Emod balik ti kantor, paromanna ujug-ujug ngembang wera. Gidig nyampeurkeun pamajikanana. Terus hahaok.
“Cik atuh, ari salaki sorangan mah montong dicarékan. Maké jeung diémbohan ku kecap purunyus, cunihin, nyolowédor teu ku hanteu. Aya penting pisan tadi téh, rék nitah mangnéangkeun dompét, tinggaleun.”
“Har, naha di dinya lain lalaki kitu? Pan cék di dinya gé, sakur kadéngé sora lalaki, ulah asa-asa kudu dicarékan.” Nyi Ésih malik nyereng. “Dompét rék dibikeun, tapi aya saratna. Teu meunang neundeun potrét awéwé séjén dina dompét. Titik!”***(dans)

Pék Baé Sakitu Gé
JANG Ohim keur baluweng. Isuk kénéh geus rajol nu nagih hutang. Ari pamajikanana kalah ka nyarékan, pokpokanana éstuning matak nyugak. Nyebut lalaki euweuh kadaék mah, pangedulan mah, teu tanggung jawab mah.
“Célémbéng, siah!” cék Jang Ohim bari ngajengkat ka tepas, terus ngadayagdag kana bilik. Asa ngareunah kageberan angin, guher wéh saré. Maké jeung ngimpi sagalarupa. Dina impian téh, manéhna boga sapi, keur ditawar ku Mang Minta, tatanggana.
“Dibikeun moal lima juta, Jang?” cék Mang Minta.
“Tambahan lima ratus deui atuh, Mang!”
“Lah, sakitu wé ti Emang mah. Moal leuwih deui?”
“Kumaha nya? Asa lebar. Ké atuh rék mikir heula!”
Bray beunta. Mang Minta euweuh, sapi suwung. Jang Ohim gigisik. Dayagdag deui bari peupeureuman.
“Pék waé Mang masih opat juta gé, kuring keur butuh duit yeuh…”***(dans)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar