Minggu, 04 Desember 2011

bodor carita

Kitu pan sipat jelema mah. Sok réa kahayang. Kahayang nu can tangtu kahontal. Kahayang nu mun dipikir-pikir mah asa ngarawu ku siku. Kahayang nu saenyana mah ngan diukur "jidar" duniawi. Kahayang nu boa antukna matak cilaka alatan dina ngudagna sagala didupak, sagala dirumpak. Kahayang ukur kahayang.
Babaturan hayang boga imah. Nu hiji hayang meuli meuli mobil. Nu hiji hayang sakola deui. Nu hiji hayang kawin. Nu hiji hayang nyandung. Sarua, babaturan gé réa kahayang.
Ari kahayang kuring naon? Sok nanya ka diri sorangan. Naon saenyana nu keur diudag téh? Kasenangan nu saharitaeun? Harta nu lubak-libuk ngarah ditempo ku batur? Umum, sigana. Hayang salamet dunya ahérat. Hayang hirup jeung huripna. Hayang ulah piomongeun batur. Hayang ulah nganyerikeun batur. Hayang bisa barangbéré. Hayang nyenangkeun kolot. Hayang boga budak soléh... weuh, geuning réa pisan.
Kumaha ngudagna? Ah, moal diudag-udag teuing. Da geuning kahayang mah siga kalangkang sorangan. Hésé katéwakna. Ceuk nu tatarucingan mah, diudag lumpat di dagoan cicing. Nya kari nganti waktuna baé.
Ari kahayang Sadérék naon?



Ampir mareng jeung Piala Éropah, di désa kuring gé aya kompetisi maénbal. Nu miluanana ti saban lembur. Ari poé tadi, kuring nu jadi palatih Tim Buladig ti lembur Ciboléd, manggih kareuwas. Tapi, sigana lain kuring wungkul nu reuwas jeung keuheul téh, nu séjénna gé pasti kitu.
Ti méméh maen ge, geus henteu pararuguh. Si Usro, sakadang kiper, nu ngariweuhkeun téh. Dina gempungan peuting kamari, manéhna siap jadi kiper. Naha ari rék der maén, ngadak-ngadak hayang jadi penyerang.
"Ari manéh kumaha Usro, apan euweuh deui kiper?"
"Ah, da kuring mah hayang maju!" pokna.
"Loba anu rék maju mah, lamun kiper euweuh!" ceuk nu séjénna.
Tapi Si Usro mani keukeuh. Mangkaning wasit geus niup piriwit. Beu, cilaka. Mangkaning geus tujuh kali maén téh, éléh baé. Tim Buladig mah ukur méré poin ka batur. Tah, dina pertandingan ayeuna mah teu meunang henteu kudu meunang. Ngarah mitos Tim kuring purah méré poin téh rada kaubaran.
Malah saméméh waktuna maén téh, anggota Tim kuring ngider néangan méjik. Nu ka kulon, nu ka kidul, awahing hayang meunang. Para pamaén geus ngarinum cai ti dukun, ngarah jagjag cenah. Bal geus dijampéan ku Bah Dasmin, ngarah bisa asup kana gul lawan. Malah henteu kapalang, poé éta mah digusur jeung dukunna. Sina nungguan gul, sakalian jajampéan.
Kari-kari ayeuna, kiper hiji-hijina bet murengked embungeun. Mangkaning piriwit geus disada. Barudak geus sésépakan, pamanasan. Ari gul can aya nu nungguan.
"Buru atuh, Usro!" ceuk kuring rada nyentak.
"Na sia téh mani hararésé!" ceuk Bah Dasmin, bari regeyeng Si Usro dipangku sina diuk lebah gul. "Ngajedog di dinya!" ceuk dukun Tim kuring téh.
Taun ieu, kompetisi maén bal téh leuwih ramé ti batan saméméhna. Komo apan, mani mareng pisan jeung Piala Éropah. Nu miluanana gé nepi ka 20 kleub. Najan lapangna di lamping pasir, nu lalajo ngagimbung baé. Awéwé-lalaki, aki-aki jeung nini-nini, gogorowokan méré sumanget. Paheuras-heuras genggerong.
Lembur kuring gé henteu tinggaleun. Tim Buladig nu geus ampir pareum, sina carengkat deui. Kapaksa kuring jadi opisial, sakalian jadi pelatih, da euweuh deui nu ngurus barudak. Kangaranana kleub dadakan atuh, pamaénna gé saaya-aya. Malah dina maén mimiti mah, Aki Adud nu geus rérémpo kapaksa sina ngajejegan. Ngan ayeuna mah geus henteu maén, bincurangna geuneuk kajejek lawan.
Lantaran pamaén paspasan, atuh kiper gé ukur hiji, teu boga cadangan. Si Usro nu jadi kiper téh, da nu séjénna euweuh nu bisaeun. Kungsi Si Obar dilatih, kalahka matak paur nu nénjona. Ngadadak lingas bal téh dina leungeun Si Obar mah.
Geus tujuh kali maén, terus-terusan éléh. Wiwirang wé. Nu matak sakali ieu mah, kudu meunang. Matak ngondang dukun gé.
Ari karah ku dipaksa mah, Si Usro teu burung daék nyicingan gul. Ngan kawas nu cileureun, malah katémbong mindeng pisan ngalamun.
"Sing rancingeus atuh, Usro!" Bah Dasmin sesentak bari teu eureun gegereyeman, mapatkeun jangjawokanana.
Der, pertandingan dimimitian. Tim Buladig ngalawan Tim Ramijud. Ramé maén téh, da puguh sarua belegugna. Ngadu pisik téh ieu mah lain bohong. Silih sénték, silih sébréd. Kartu kuning geus henteu kacaturkeun lobana.
"Montong kawas rek gelut atuh maén téh!" kuring gogorowokan, pédah barudak ngadadak henteu sportip. Teuing mun neuteuli kénéh mah, pédah taun kamari dilosin pisan ku Tim Ramijud téh.
Téhnik anu dibikeun ku palatih téh henteu dipaké. Nu puguh mah, maén jadi kurang kontrol. Si Apoy ngabodi, lawan nepi ka tisuksruk kana kamalir, terus haharegungan bari nyekelan bujur nu titeundeut kana taneuh teuas. Puguh baé Si Apoy dibéré kartu kuning. Untung teu kartu mérah gé.
Babak kahiji mah gedeg. Bal euweuh nu ngalanto kana gul. Si Usro gé ukur ngajentul. Gancang dibéré pépéling.
"Montong kasar teuing maén téh. Sareukseuk nénjona. Tuh ténjokeun pamaén Walanda, apan sakitu cantikna!"
"Da ituna nu ngajak kasar!" ceuk Si Apoy.
"Keun baé. Nu penting mah téhnik dipaké, ngarah éndah katémbongna!" ceuk kuring.
"Ku Abah dijampé ti kajauhan!" Bah Dasmin nyelengkeung.
Babak kadua geus dimimitian. Enya baé ayeuna mah barudak téh henteu kasar teuing. Teuing mun geus carapéeun mah. Ngan naha atuh, bal bet dibabawa baé ku lawan. Malah aya kesan disatengah-lapangkeun. Mang Oji, striker Tim Ramijud mani seserentengan. Bal terus dibawa ka deukeut gul. Éta nu matak keuheul téh, Si Usro kalahka nyarandé kana tihang gul.
"Téwak Usro!"
"Kalah ka ngajedog atuh!"
Si Usro cicing baé. Puguh bae Mang Oji asa dibéré kasempetan. Bal disepak sahabekna. Semu bangbaraan. Geblos, ger nu lalajo surak.
Lain sakali dua kali kituna téh. Unggal Mang Oji mawa bal, Si Usro kalah ka nanghunjar lambar. Bangun teu daya teu upaya. Geblos deui. Surak deui. Bah Dasmin tangka beureum beungeut. Jangjawokanana henteu metu.
Sekor geus 0-5. Wiwirang keur kuring mah. Nyel ambek ka Si Usro. Terus digusur ka luar. Cul baé gul mah euweuh nu nungguan.
"Ari manéh kumaha, Usro? Rék nyilakakeun Tim sorangan?"
Si Usro anggur ngabetem. Teu lémék teu nyarék.
"Éta gul euweuh nu nungguan!" nu lalajo patinggorowok. Serenteng aya aki-aki, rék mélaan tadina mah. Tokroh-tokroh jadi kiper. Ngaganti Si Usro.
Komo dikiperan ku aki-aki atuh. Enya ari katewakna mah. Bubuhan bal ngagéléték ka hareupeun.
"Talapung, Ki!" ceuk Bah Dasmin.
Abong aki-aki. Geblos téh kalah ka ditalapung ka gul sorangan. Ger nu lalajo surak.
"Dibuang ku aki mah balna!" pokna teu kireum-keureum.
Nepi ka bérésna maén, sekor matak hanjelu, 0-7. Henteu nyalahkeun sasaha deui, kabéh gé ambek ka Si Usro. Diperekpek ku saréréa. Dinaha-naha.
Najan semu ngadégdég, Si Usro teu burung ngadadarkeun alesanana. Cenah, Mang Oji téh pimitohaeunana. Basa poe kamari Si Usro nganjang, Mang Oji ngancam.
"Lamun témbakan déwék ditéwak, eureun siah bobogohan jeung Si Unéh téh
 
 
 
Diajar Owah
Isuk-isuk. Keur ngahuleng Mang Waru téh. Kadéngé aya nu ngagorowok tarik naker. Mani asa nongtoréng pisan.
"Tuluuung!" cenah.
"Tah, aya nu ménta tulung! Salaku manusa, aing kudu nulungan nu butuh pitulung!" pokna. Gidig ka pipir imah, da dédéngéan téh datangna sora ti lebah dinya. Euweuh sasaha.
"Tuluuung!" geus kadéngé deui.
Gidik ka buruan, ka lebah dapuran cau. Euweuh.
"Nya di mana mangkeluk téh, ongkoh ménta tulung! Tapi euweuh!" pokna, kutuk gendeng. Huleng deui wéh. Mikiran nu ménta tulung. Mikiran deui pamajikanana nu balik ka kolotna. Mikiran kasusah hirup. Mikiran hahargaan.
Méméh magrib, Mang Waru ngoréjat siga nu manggih kareuwas.
"Aéh-aéh, apan nu gogorowokan ménta tulung téh aing sorangan!" cenah bari nepakan tarang.

Nguseup Unggal poe, pagawean Mang Onib teh ukur nguseup di walungan. Eupanna ku roti jeung beuleum sampeu. Ngan nya kitu, balikna sok lengoh bae, can kungsi mawa lauk.
Panasaran, hiji poe mah ku pamajikanana diintip. Katembong salakina keur cindekul dina batu. Ragamang kana eupan. Pelenyun udud. Kitu jeung kitu we, nyokotan eupan teh ampir unggal usik. Jeujeur mah diantep.
Sanggeus beak eupan, kakara Mang Onib nguniang.
"Paingan atuh datang ka imah tara hayang dahar, da unggal poe ngadahar eupan!" pamajikanana ngagerendeng.

Salah SangkaCeuk haté hiji lalaki nu maké topi beureum, "Na éta awéwé me­long baé ka aing, sugan bogoheun, ah rék di tanya." Lalaki : "Naaa, Nyai téh ningali baé ka Eng­­kang sapertos nu asa-asa?'
Awéwé : "Sumuhun abdi téh asa-asa, boa-boa di dinya téh nu nyopét lokét salaki abdi téa, apal kana topina!"

NurutanBapana: "Angger silaing mah, teu nempo awéwé ngaliwat, komo bari rada pantes, éta panon mani melong teu ngiceup-ngiceup. Terus éta awéwé ditingalikeun nepi ka les teu katémbong... Cik atuh ulah ngérakeun kolot, éta kanyahoan ku batur mah!" Anakna: "Har... apan kuring mah nurutan Bapa, geuning Bapa gé pan sok kitu!"
Bapana: "Teu déwék mah, teu rumasa...", (Bari ngaléos) "Da déwék mah lain saukur dipelongkeun, tapi sok terus dituturkeun!"

Bingung"Ku naon Jang, ngahuleng baé?" "Bingung puguh, Mang!"
"Lah, ngéwa budak-budak geus diajar bingung. Keun wé najan keur usum susah gé, sing sabar urang mah. Ari kitu bingung ku naon?"
"Kahiji, kuring bingung kumaha ngabalanjakeun duit. Éta mah, di imah aya duit dua karung, mending dikumahakeun nya? Dibeulikeun kana naon?"
"Lah, ari Ujang, nya sukur wé hartina réa rejeki. Sok wé meuli naon nu dipikahayang ku Ujang."
"Nya éta Mang, bingung kuring téh. Nu kadua, kumaha carana sangkan kuring bisa meunangkeun duit dua karung, da ayeuna mah karungna kosong kénéh."




Jam sapuluh peuting. Nu ti beurangna tas capé gawé mah geus talibra. Di jalan geus teu pati aya nu ngulampreng. Tu­kang baso waéh traktrak-tréktrék nakolan birit katél butut, nawarkeun daganganana, susuganan aya kénéh nu hayangeun nambul angeun pibekeleun saré.
Sawatara budak bujang tingrariung sisi jalan, ngawarang­kong ngénca-ngatuhu, silih gonjak bari udud pataréma sake­nyot séwang.
Riyeg ... riyeeeggg ... riyeeeggggg ....
Jagat génjlong dibarung ku ngaguruh sora sagala sakur nu kaeundeurkeun. Jéréwét di ditu-jéréwét di dieu, nu tingweu­leuhweuh, nu takbir, lain wayah lain mangsa. Jelema riab kala­luar.
Ger cékcok di mana-mana, ngaromong teu puguh leun­jeur­­anana dibarung ku kasima. Cék nu meneran di imah, awak asa lénjong, réa parabot marurag tina lomari, tina bupét naon ku hanteu. Cék nu lulungu asa ngimpi dialungboyongkeun. Cék nu meneran keur leumpang di jalan, rarasaan téh cénah asa rék kateureuy ku jagat. Nyeueung jalan siga ombak-ombak­an.
Riyeg deui .... Éar deui .... Awéwé réa nu riwih-rawah, bari ngakeup ongkoh, nuyun ongkoh.
"Gustiiii ... boa ayeunaaaaa .... Lebur kiamah téééééh ....!" Cék nini-nini bari eueuriheun.
"Ka dieu, nini, rék ka mana!" cék sora lalaki ti kebon cau.
"Rék ... rék néang incuuuuu ...!"
"Ulah ... ulah ka mamana, bisi kumaonam!"
"Aaaaah ... da melaaaang ka budak!" témbalna bari nga­béngbéos, lilinieunana beuki kacida.
Wanci tumorék, sasari mah iwal ti sora jangkrik jeung si­meut, harita mah ngadak-ngadak geunjleung. Jelema bahé ka luar, ka jalan. Barudak rungsing lulungu, keur meujeuhna tibra kagareuwah. Nu ngadat dina aisan dicombo ku susu indungna, di dinya di geusan pabaliut.
Pulisi jeung tentara matroli ka sakuliah kota, asa keur usum perang. Para pajabat jeung pamong désa teu cicing, lolongok ka ditu-ka dieu.
Geus rada leler meueusan, silih tanya, kumaha ... kumaha ... kumaha ....?
Jol nu rancucut, ngahodhod kawas hayam kabulusan.
"Nanaonan silaing téh kawas nu kabancuh?"
"Walah ... sial, euy ... heuheuheuheuheuh ...," cék nu di­tanya, ngaheuheuh awahing ku tiris.
"Ari kitu ...?"
"Ngusial beuteung ... heuheuheuh .... Lumpat ka balong bari lulungu .... Kakara gé gog na ana atuh ari riyeg téh ... galéong waéh pacilingan runtuh .... Nepi ka diturunmandi­keun tengah peuting .... Jarijipen heuheuheuh ...."
"Naon tuh eusi patuangan téh ...? Ogoan, lungsur mani kudu dianteur ku nu kagungan."
Semet nyengir bari ngaheuheuh, huntu noroktok.
Ger béja, imah Dokter Gigi runtuh, imah Kuwu di Lembur­situ rebah, garasi, warung baso, garduh jeung réa-réa deui.
"Alusna mah toko Si Akoy nu rugrug téh nya euy," cék sa­urang.
"Eum, sok aya-aya baé, ngadungakeun cilaka ka batur!"
"Tuman, bongan tara méré nganjuk!"
"Saha nu sudi nganjukkeun ka tukang ngajeblug!"
"Barina gé lebar ku Si Amoyna."
"Bangsa babah mah tara keuna ku musibat."
"Naha?"
"Diaping dijaring ku Tapékong béjana."
"Wah, ngomong téh!"
Héaaaang sora sirine. Jelema caruringhak. Lar mobil ambu­lans kawétankeun. Ti mana ... saha ... ku naon ...? Silihtanya pada teu nyaho. Jol motor nyusul. Diparegat, ditaranya. Urang Nagrak cénah, sakulawarga .... Imahna ambruk pisan. Kabéh tatu parna .... Dius deuih waéh .... Saréréa tinggarodeg, ting­karecrék ....
Jelema pabuis ka ditu ka dieu, silih longok, nu inget ka sobat, ka baraya .... Barudak ngora tingdaréngdék ngadé­déngé­keun, bisi aya béja imah kabogoh kumaonam.
Jol mobil disarurung ku limaan.
"Ku naon tatéh ...?"
"Rék nganteurkeun nu cilaka ka rumah sakit."
"Na atuh disusurung kitu?"
"Teu daék hirup .... Kagebah lini meureun!"
"Saha kitu? Ti mana?" cék nu nanya bari nempo ka jero mobil.
"Ti Sindangrasa, katinggang lomari!"
Nu nyarurung mobil nyarelang ngarambekan heula bari nya­rusut késang ku leungeun baju.
"Sok lah sarurung deui, agé-agé nepi!" cék nu nyekel setir.
"Ké heula ... capé! Manéhna ngeunah nyéngclé ...! Euweuh nu dagang bajigur-bajigur acan .... Garing tikoro!"
"Eum, sok aya-aya waé .... Cageur mantén atuh diselang jajan heula mah!"
Nu ngagimbung tingséréngéh ngadéngé supir ngomong kitu téh.
Sakeudeung-sakeudeung héang ... sakeudeung-sakeu­deung héang sirine mobil ambulans, ngakutan nu carilaka .... Tengah peuting, bari tas manggih kareuwas pohara, kuku­rayeun ngadéngé kitu téh.
Nu srugsrog jeung baraya jeung sobat, silih rangkul bari maraca Alhamdulillah, urut tadi kamemelangan asa kaubaran, kajeueung salametna.
"Ari lini téh naon tuh asal-muasalna, asa gagah-gagah teu­ing?"
"Béjana mah aya gunung bitu ari kitu téh."
"Wah, meureun kadéngé jelegurna!"
"Ari jauh ...?"
"Ning oyagna nepi ka dieu?"
"Pan sajagat kaendagkeun!"
"Cék kolot mah ... buta cénah nu nanggeuy jagat. Mun cangkeuleun sok nguliat. Nya eundeur ka urangna téh."
"Lain kétah, lain buta!"
"Naon atuh?"
"Oray naga nu nanggeuy jagat mah .... Kabéjakeun geu­ning sok aya endog lini .... Pan buta mah tara ngendog!"
"Gandéng lah, ngaraco! Dongéng jaman tai kotok dilebuan ta mah! Paranti nyingsieunan budak."
Jol érté ngiringkeun nu ngabébéyéng jelema, beungeutna balancunur.
"Ku naon tatéh ...? Katinggang naon?"
"Katinggang peureup!" témbal érté.
"Eum, Pa Érté mah .... Nu leres ... ku naon?"
"Disariksa ..., tuman!"
"Ari kitu ...?"
"Batur-batur narulungan nu cilaka, ari ieu kalah ka haripeut ngabadog barangna .... Ngagugubug tip!"
"Rék dikamanakeun ayeuna?"
"Ka Kantor Pulisi!"
"Ning Si Ébon!" cék saurang bari nempo beungeut nu ba­lan­cunur.
"Meujeuhna si éta mah," cék nu séjén ngaharéwos ka batur­na, "baréto gé bapana keur sakarat, lain nungguan cara batur, kalah ka nanawarkeun balong."
"Keur pawit ngadu meureun jeung keur meuli inuman pi­mabokeun! Cekékeun tétélo jelema kitu mah!
"Pan ayeuna gé sakongkol jeung lini .... Asa dijurung laku, dibéré jalan keur ngiruh!"
Lain saeutik korban lini téh. Katut Pa Camat mantuan mang­kuan nu carilaka, diunggah-unggahkeun kana ambulans. Geus puguh deui Pulisi jeung Tentara mah teu kaur mingé. Malah aya nu bobolokot getih balas mangkuan nu taratu.
Tambah ketir nyeueung nu kitu mah, asa nyeueung pilem lalakon perang. Béh dieuna asa jaman répolusi baréto.
"Asa reugreug nyeueung alat nagara kitu mah, nya euy!"
"Ari urang can kabagéan gawé. Taya pisan gadag, semet lalajo nu pabuis ...."
"Urang onaman ...."
"Onaman kumaha ...? Da kawajiban saréréa nulungan nu cilaka mah .... Tugas kamanusaan, deuleu!"
"Mana atuh tulunganeunana? Ma enya nu cilaka kudu ko­ko­téténgan néangan nu rék nulungan! Kudu urang nu nyam­peurkeun!"
"Yu atuh urang ngider .... Lebar tanaga baso teu kamang­paatkeun!
Jol jajaka tiluan, tingtarempo nyidik-nyidik nu tinggarim­bung kawas aya nu ditéangan.
"Néangan saha, Ton?"
"Agus .... Aya di dinya?"
"Tadi mah aya .... Ngaléos deui."
"Ka mana?"
"Nyao ... ka imahna sugan .... Aya naon kitu?
Nu ditanya teu némbal. Gura-giru indit jeung baturna muru ka imah Agus. Nu ditinggalkeun panasaran, bring nalutur­keun, bisi aya tulunganeunana, bubuhan keur usumna.
"Tuh geuning sigana," cék saurang bari nunjuk ka nu diuk di émpér imahna.
"Keur naon, euy, Gus?"
"Teu nanaon .... Ngareureuh tas ngider .... Taya nanaon di ditu?"
"Nyéta puguh rék ngabéjaan!"
"Ngabéjaan naon?" cék Agus ngoréjat.
"Si Enéng, kabogoh di dinya, kamusibatan!"
"Kapapaténan boa," cék nu séjén, "da midangdam baé."
"Saha nu cilaka téh ...? Si Enéng ...?" cék Agus teu sabar.
"Si Enéng mah nu midangdamna! Nu cilakana mah bapana boa .... Atawa ... indungna sugan ...."
"Keun waé modar gé bapana mah ...! Indungna kajeun ..., cua, siga nu sarebeleun pisan .... Pédah déwék batan sakieu, ngaligeuh can boga gawé .... Sieuneun anakna dibawa kokoro meureun minantuan ka déwék mah!" cénah bangun nu sebel kabina-bina.
"Tah kabeneran, euy, ari kitu mah!" cék Enton.
"Naha?"
"Ayeuna waktuna nu mustari keur némbongkeun jasa .... Nyeueung silaing tohtohan mah piraku sugan haténa teu lilir .... Malik asih pasti .... Jadi minantu kadeuheus engké silaing, Gus!"
"Heueuh geura .... Minantu idéal cék basa ayeuna mah," cék nu séjén mairan.
Ngahuleng waé Agus téh kawas keur mikir.
"Tong disapirakeun, euy, kasempetan alus kacida .... Mang­paatkeun, meungpeung aya pitulung lini!"
"Na enya kitu, euy?" cék Agus asa-asa, "sebel ku gedé-huluna gé déwék téh! Angot bebengok bapana mah, mani kawas neuleu anjing budug ari déwék ngulampreng hareup­eun imahna téh!"
"Heueuh ayeuna waktuna cekéng gé bangsa raja nu mi­nantuan ka anak si itu si éta, ari geus bukti mah kapahlawan­anana .... Lah ... éta sirine ambulans aya ku matak ketir ...."
"Kudu kumaha atuh déwék ayeuna ...?" cék Agus bangun bingung.
"Néang ambulans ..., rawu ku silaing bapana atawa in­dung­na nu cilaka, bawa ka rumah sakit .... Kerong tah irung déwék mun itu teu malik asih ka silaing."
"Kana naon atuh ka dituna ...? Leumpang waé nya ...?"
"Nelepon waé atuh ti ... ti Kantor Penerangan nu deukeut!"
"Heueuh .... Yu atuh anteur!"
Bring waéh.
"Asa rék gedé mangpaatna nya euy lini téh keur Si Agus mah!"
"Hih tuda sagala ogé sugri Kersaning Pangéran mah taya nu teu mangpaat .... Kari bisa waé napakuranana .... Nu puguh waé geura, tukang kayu tukang tembok baris maréma, réa imah oméaneun."
"Urang gé mun ditampik ku pimitohaeun mending ngon­dang sakadang lini, neda kamandangna."
"Yéh, ngabarabékeun sajajagat siah!"
Srog ka Kantor Penerangan.
"Hallo ...! Nyuhunkeun ... eu ... ambulans .... Hallo ... ieu ti Kantor Penerangan .... Nyuhunkeun dikintun ambulans .... Muhun ... nyuhunkeun énggal ... répot ...! Di ... di Jalan Hanjuang No. 7 .... Muhun ... énggal diantos!"
"Kumaha cénah?" cénah baturna.
"Sakeudeung deui cénah, keur nurunkeun heula korban ti Bolénglang .... Yu waé ka ditu, urang dagoan hareupeun imah­na!"
Bring ka Jalan Hanjuang. Hareupeun imahna kadéngé ké­néh nu midangdam téh. Tétéla Si Enéng, da wawuh kana sorana. Gék dariuk dina téras, capé tas leuleumpangan waé.
Héang sirine .... Gura-giru dipapagkeun ka jalan. Reg eureun hareupeun lawang buruan.
"Mana ...?" cék supir ambulans.
"Ké antos!" cék Agus bari muru panto hareup.
Trok-trok-trok .... Ngadagoan sakeudeung ..., trok-trok-trok deui beuki tarik.
Bray panto tengah muka, bréh bapana Si Enéng, bray deui panto hareup. "Aya naon?" cénah bangun reuwas.
"Itu ... eu ... abdi ngabantun ambulans ...."
"Ambulans ...? Keur naon?" cék pribumi kereng sanggeus apal kana beungeut sémah.
"Sanés aya nu cilaka?"
"Hah ...!?"
"Badé dibantun ka rumah sakit."
"Cék saha aya nu cilaka?"
"Kakuping ... eu ... Enéng nangis."
Gebrug panto ditutupkeun hareupeun irung Agus, ceklék dikonci. Tinggal Agus ngajanteng samar polah. Ngalieuk ka babaturanana geus areuweuh, naringgalkeun. Kari supir am­bu­lans kawas nu teu sabar, ngalangeu naleukeum kana panto mobil.
Torojol Si Encum, réncang di dinya, ti gigireun imah.
"Ku naon Enéng téh?" cék Agus bari nyampeurkeun.
"Sumilangeun .... Biasa Enéng mah ari badé kareseban téh sok siga ripuh pisan."
Agus ngarahuh. Léos waéh muru pager gigir, jleng luncat.
"Héy ... héy ...! Rék ka mana ...? Mana nu cilaka téh?" cék supir ambulans.
Ngabéngbéos waé calon minantu kadeuheus téh, teu ngalieuk-lieuk acan
 
 
 
 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar