Minggu, 04 Desember 2011

tatarucingan3

Bénjol,  “Uing boga  tatarucingan, Sro, alus téh. Munu’u-munu’u dibeulah aya sikian, naon cing?”
Usro, “Ah, manéh mah ari geus kitu téh, baku.”
Bénjol, “Lain geus kitu geus kitu, nyaho teu?”
Usro, “Teuing ah...”
Benjol (bari ngaléos), “Waluh, monyong!”
Tita Sundawati, SMP Muhammadiyah 2 kls 3 A, Jl. Semar No. 5, Bandung. Mangle No. 893, 9-15 Juni 1983.

Lina, “Mil, ditoél ku curuk ngadelewo, ditakol ku palu beusi ngabelentrang, naon cing?”
Mila (ngahuleng), “...teuing, ah.”
Lina, “Tikotok dina tihang listrik...”
Usep Sudjati, Jln. Dr. Muwardi No. 155, Cianjur. (Mangle No. 891, 26 Mei- 1 Juni 1983).

Aka, “Coba teguh Dé. Hulu Hawuan, Buntut Huntuan?”
Ade, “Ah teu asup akal tarucing téh. Taluk ah.”
Aka, “Huh dasar otak udang. Nu udud padudan.”
Mamat A.S., Kam. Binawarga RT 08/II, Kalijati Timur, Subang. (Mangle No. 910).

Ohi, “Boga duit sarébu kacokot lima sén, naon basa Cinana?”
Ade, “Kacocéng.”
Hilman Kawinata, Siswa SGON, Kuningan. (Mangle No. 792).

Maman, “Mun, naon bédana leuweung jeung istri?”
Mamun, “Teuing atuh, naon éta mah hésé geuning.”
Maman, “Leuweung mah teu aya istrian, ari istri mah aya leuweungan.”
Mamun, “Dasar burahol manéh mah.”
Aceu,  Jln. Sunda No. 41, Bandung (Mangle No. 1010).

Otang, “Téd, naon sababna jelema mun digeroan sok ngalieuk?”
Tédi, “Da bogaeun beuheung atuh, Tang.”
Otang, “Salah ah.”
Tedi, “Ku naon atuh?”
Otang, “Sabab jelema mah teu maké ... kaca spion.”
Dede Moh. Djamal, SMPN Rancaekek Kls 3 A, Jln. Raya Rancaekek, Bandung (Mangle No. 899).

Masduki, “Tra, ari ban mobil aya sabaraha hiji?”
Cantra, “Nya opat atuh.”
Masduki, “Heueuh. Mun mobil keur mundur, ban mana nu teu muter?”
Cantra, “Nya kabéh gé muter atuh.”
Masduki, “Aya nu teu muter Tra.”
Cantra, “Ban naon?”
Masduki, “Ban sérep.”
Iim Hilman, Jl. Otista, Gg. Mawar No. 905, Subang (Mangle No. 900).

Kang Dudi, “Cobi Kang Toto, pangbéntenkeun korma sareng Karma.”
Kang Toto, “Anu leres mah upami korma nami buah-buahan, nanging upami Karma nami jalmi.”
Kang Dudy, “Muhun leres kitu, nanging waleran ieu mah kirang ilmiah.”
Kang Toto, “Janten waleran anu ilmiah kumaha?”
Kang Dudy (bari heureuy), “Ari korma sikina hiji, namung lamun Mang Karma sikina dua.”
Dedy Rochendi, Wanasigra TI, Balikpapan (Mangle No. 989).

Ismét, “Sri, naon sababna jalan Jagorawi disebut jalan tol?”
Sri, “Lantaran jalanna lempeng.”
Ismet, “Salah.”
Sri, “Kutan?”
Ismet, “Sabab nu nyieunna lalaki, lamun nu nyieunna awéwé mah tangtu ngaranna teh.....”
Nana Mulyana, Jl. Abadi No. 190 B, Komplek KPAD Gegerkalong, Bandung. (Mangle No. 870).

Uding, “Urang tatarucingan, yu!”
Ading, “Hayu, sok lah ti dinya heula.”
Uding, “Cing, raja naon nu sok ceurik baé?”
Ading, “Raja céngéng, lah.”
Uding, “Salah euy, lain éta.”
Ading, “Naon atuh?”
Uding, “Nya Rajagukguk anu ti Médan téa.”
Mutia, d/a Ny. Atih Jumiatih, Jl. Lodaya 19 Bandung. (Mangle No. 1040).

Ii, “Buah naon anu panjang, konéng, amis. Tapi anu nyaho ngan semet monyét wungkul?”
Aa, “Cau lah.”
Ii, “Tah geuning nyaho, hartina manéh téh....”
R. Candra Resmi, Sukasari No. 37, Sindanglaya, Pacet, Cianjur 43253 (Mangle 1036).

Yani, “Lamun dicabak emoy, di jerona aya kacangan, naon cing?”
Reni, “Ari mimitina tina naon?”
Yani, “Hurup ‘m’ tungtungna ‘k’.”
Reni, “Embung ah jorang.”
Yani, “Da martabak hoyah!”
Mia Nuryantie, Jl. Dr. Sukarjo No. 18, Tasikmalaya. (Mangle No. 999).

Dudi, “Pulo naon nu jadi dulur urang?”
Asep, “Pulo Bali.”
Dudi, “Pulo naon nu sok ngudagan najis?”
Asep, “Morotai.”
Dudi, “Pulo naon nu teu meunang diasupan ku nu can nikah?”
Asep, “Teu nyaho.”
Dudi, “Nusahiji.”
Asep, “Geuning....?”
Awik Suhandarna S., Sub Balai PPA Jawa Barat, Jl. A. Yani No. 276 Bandung. (Mangle No. 1001).
Adik, “Tarasi naon nu panggoréngna?”
Ikin, “Tarasi? Tarasi Tegal atawa tarasi Cirebon?”
Adik, “Lain éta, kapan éta mah tarasi anu pangeunahna téa?”
Ikin, “Na tarasi naon atuh?”
Adik, “Taluk Ikin ka Adik? Da tarasi-beungeut hoyah!”
Ikin, “Lah nyindiran ....”
E. Ermansyah, Jl. Nyengseret No. 22 Bandung (Mangle 109).



Bulan méncrang caang padang narawangan
Nyawang Bandung pangimpungan
Nyoréang mangsa patepang, panutan

Basa urang na mumunggang
Ngundeur deudeuh panineungan
Nganteur rasa nu karaha
Harita patepung lawung
Balaka ngedalkeun rasa
Nu nyangkrung dina implengan

Nyawang Bandung badis dina pangimpian
Ngeplak atra lir ciciptan
Nyaksian galindeng urang, panutan

Nyoréang mangsa patepang
Haté sungkan rék paanggang
Harita diri nyorangan
Pikir lewang luwang-liwung
Ngalangkang dina implengan
Kembang asih duh panineungan.





Saha nu teu apal ka Bah Wirya. Di lembur Ciseureuh mah moal aya dua. Ti mimiti budak satepak, nepi ka aki-aki geus cetuk dawuk, wawuheun. Mun aya nu nyabit-nyabit ngaran Bah Wirya, bréh baé dedegan lalaki jangkung badag. Kumis baplang, make iket, make kampret. Kamamana nyoren bedog. Ngomongna rada teugeug, panonna sok ngaburileng mun pareng manggih ka keuheul. Mun aya nu manasan, sok terus mudigdig, kumis centang, terus hahaok bari molotot.
Kakocapkeun urut jawara atuh, urusan gelut jeung galungan mah lain caritakeuneun deui. Ceuk beja, basa ka lembur aya bangsat domba ogé, apan Bah Wirya anu newakna téh. Najan geus kolot, tanagana mah moal éléh ku budak ngora. Aya hiji kétang kalemahanana téh, Bah Wirya mah rada saliwang.
Geus lila Bah Wirya téh ngaduda, ditinggalkeun maot ku pamajikanana. Boga anak keur meumeujeuhna rumaja putri, Neng Sari ngaranna. Ari ka budak, pohara nyaahna, kasebutna anak nunggal atuh. Mun kacaritakeun Néng Sari aya nu ngaheureuyeun, sumawonna nepi ka ceurik mah, tara ngarérét ka sisi ka gigir, gidig baé ngontrog ka nu ngaheureuyanana bari muril-muril kumis.
Siga kamari, isuk kénéh Bah Wirya geus awong-awongan di buruan.
"Aya naon, Abah?" ceuk Pa Érté, tatanggana, nu kabeneran imahna padeukeut. "Bedog tunda, Bah. Mani paur kuring mah nénjona ogé,"
"Wah, kudu dicacag mangkeluk kitu mah!" pokna, panonna mani ngaburileng sajeroning ngarérét ka Pa Érté téh.
"Hih, ari taeun téh, sok ujug-ujug napsu baé,"
"Sok pikiran ku Pa Érté, moal enya ka Abah aya nu nyebut duda. Apan ngahina tah," pokna.
"Ké, ké, apan Abah mah can kawin deui lin? Hartina Abah téh masih kénéh ngaduda. Teu salah nu nyarita mah!"
"Enya kitu Abah téh duda?" bari melong ka Pa Érté, kumisna mani ngadadak lémpés.
"Har, bet nanyakeun ka kuring geuning,"
"Heueuh meureun. Tapi apan duda mah layanna téh jeung randa, lin?"
"Enya. Matak Abah geus wé néangan deui, rék randa rék parawan. Ngarah euweuh nu nyebut duda!"
"Aya alusna, Érté. Ke urang pikiran heula!" pokna, bari terus asup ka imah. Pa Érté tibang gogodeg.
Puguh bae Bah Wirya ngajenghokna mah. Barang bus ka dapur, kasampak anakna keur pupuringisan, siga manggih kanyeri. Andéprok wé dina palupuh bari nyekelan beuteung.
"Euleuh, ku naon Nyai téh?" pokna, bari ngadeukeutan anakna. "Ku saha, dikumaha?"
"Beuteung nyeri, Bah!" ceuk Néng Sari, bari inghak-inghakan.
"Enya, saha nu nganyerian beuteung téh. Nu mana mangkelukna, di imahna?"
"Kareseban, Bah ..." ceuk anakna, ampir teu kadéngé. Na da eta mah, henteu tatanya deui, Bah Wirya terus ngajéngkat kaluar ti imah.
"Bangkawarah, geus ngaheureuyan deui anak aing Si Saban téh. Na mani euweuh kapokna, sakitu  aing mindeng hahaok di buruan. Geus meujeuhna diwarah siah ayeuna mah!" pokna, awong-awongan deui di buruan. Pa Érté nu keur ngajanteng kénéh di pipir imah, puguh baé kagét. Béh dituna nepi ka kerung.
"Aya naon deui, Bah?"
"Tulus ayeuna mah ambek téh. Si Nyai, ..."
"Enya, ku naon anak Abah téh?"
"Geus diheureuyan deui ku Si Saban.  Cik nginjeum asahan, Pa Erte!"
"Keur naon asahan?"
"Nya keur ngasah bedog atuh. Kudu dicacag mangkeluk kitu mah!"
"Ke, sabar, Bah. Ulah ngagugu napsu kitu. Kuring téh kieu-kieu ogé aparat, piraku rek ngantep nu papaseaan. Bari jeung urang mana Si Saban téh, asa kakara ngadenge eta ngaran?"
"Enya, urang mana, nya. Sugan Pa Erte apal?"
"Weuh, bet nanyakeun ka kuring. Cik pertelakeun, kumaha mimitina, iraha diheureuyanana?"
"Pokona mah teuing dikumaha, ngan nu eces, Si Nyai nepi ka pupuringisan nyekelan beuteung. Apan sarua jeung ngahina ka Abah tah. Cik ka dieukeun asahan téh!"
"Kuring mah teu boga asahan. Diinjeum Si Ohim, geus dua bulan teu pulang deui!"
"Kudu diwarah, Pa Erte, nu baranginjeum teu mulangkeun mah. Ku kuring urang ontrog ayeuna, nya. Mun perlu urang ajak ijen. Enya ogé dedegan Si Ohim pecekrek leutik, nguntup keneh Abah mah,"
"Ke, ke, ieu téh ambek ka Si Saban atawa Si Ohim?"
"Wah, ka duanana we. Si Ohim sarua pikasebelan, henteu mulangkeun asahan,"
Pa Erte tibang gogodeg.
"Cik atuh, Bah, gelut mah tong maen bedog wae. Naha henteu mampuh mun lengoh teu mawa pakarang?"
"Naha make teu mampuh? Da bedog mah keur narokan suluh!"
Keur kitu, anakna gegeroan ti lawang panto.
"Abah, tos damang ayeuna mah!"
Bah Wirya mani curinghak.
"Tuh, Pa Erte, Si Darman ogé milu ngaheureuyan geuning. Duaan tah waraheun téh!"
Pa Erte tibang nyenghel

Tidak ada komentar:

Posting Komentar